Selasa, 02 Juni 2009
Layang Pangangkir 2009
Manawi teu aya cegahing Gusti Nu Mahasuci, nu kakasihna Imang Sugianto, SPd. baris ngalaksanakeun sunah Rasul anu Insya Allah dilaksanakeun dina,
Dinten: Sabtu, 06 Juni 2009
Waktos: 10.00
Tempat: Jl. Cikambuy Hilir No.6 Katapang Bandung
Teu kinten bingahna upami Sadérék kersa rurumpaheun sumping dina
waktosna. Kalayan kaweningan galih disuhunkeun hibar pangdu'a ti sadayana.
Kana kaweningan galih Sadérék, teu aya sanes hatur nuhun anu
kasuhun.
Wassalaamu'alaikum warohmatullohi wabarokaatuh
Jumat, 20 Februari 2009
Warta Poé Basa Indung
Jumat, 06 Februari 2009
Bewara Pasanggiri
1. Pamilon tiasa saha baé (umum).
2. Umur 18-25 taun.
3. Nalika daptar wajib masrahkeun fotocopy kartu idéntitas sareng ngeusian formulir.
4. Pendaptaran gratis.
5. Pamilon diwates, tiap cabang pasanggiri ngan 100 urang.
6. Para pinunjul baris minton dina acara Miéling Poé Basa Indung Internasional Povinsi Jawa Barat tanggal 21 Pébruari di Téater Tertutup Taman Budaya.Pasanggiri Maca Sajak SundaPoé : KemisPing : 19 Pébruari 2009Tabuh : 07.30 – 15.30Tempat : Gedung Balai Pertemuan Umum (BPU), Universitas Pendidikan Indonesia Jl. Dr. Setiabudi No. 299
Pendaptaran di buka ti ping 8-18 Pébruari 2009.
Tempatna di Sekretariat HIMA Pendidikan Bahasa Daérah Gedung FPBS Lama UPI lt. 2, Jl. Dr Setiabudi No. 299 Bandung.
Kanggo langkung jelas tiasa ngahubungi sadérék Wildan 085222799626 sareng Yatun 085223580004
Pasanggriri Presenter Sunda
Poé : Saptu-Ahad
Ping : 14-15 Pébruari 2009
Tabuh : 08.00
Tempat : Studio Bandung TV, Jl. Pacuan Kuda, Arcamanik, Ujung Berung Bandung.
Pendaptaran di buka ti ping 4-13 Pébruari 2009.
Tempatna di Studio Bandung TV, Jl. Pacuan Kuda, Arcamanik, Ujung Berung Bandung.
Kanggo langkung jelas tiasa ngahubungi sadérék Mugiana 08156269608 sareng Dian Hendrayan 02292045248
Kamis, 05 Februari 2009
Bahasa Sunda Dihilangkan
IRONIS memang, ketika sedang digalakkan pentingnya pendidikan berbasis budaya, pelajaran Bahasa Sunda di sekolah-sekolah yang ada di Bekasi, Depok, dan Tangerang, akan dihapuskan. Pernyataan itu diungkapkan langsung oleh Gubernur Jawa Barat, Ahmad Heryawan saat bersilaturahmi dengan kalangan tokoh masyarakat di Hotel Horison, Minggu (1/2).
Apa yang akan dilakukan gubernur tentu sebagai reaksi atas usulan-usulan yang sebelumnya disampaikan oleh sebagian guru-guru di sana. Ketiga daerah yang berbatasan langsung dengan Provinsi Daerah Khusus Ibukota (DKI) Jakarta, bahasa kesehariannya memang bahasa Indonesia yang kebanyakan berdialek Betawi. Sehingga kalaupun mereka harus memaksakan berbahasa Sunda, logatnya pun ngejemplak sekali, tidak halus seperti orang-orang Sunda yang berada di Bandung dan sekitarnya.
Tentunya kalau hal ini benar-benar terjadi, pelajaran bahasa Sunda dihapuskan di sekolah-sekolah yang ada di ketiga daerah tersebut, menunjukkan bahwa budaya Sunda akan semakin "tergusur" di daerahnya sendiri. Kenapa tidak diupayakan sebaliknya, ketiga daerah yang berbatasan dan sebagian masuk wilayah Jawa Barat tetap mempertahankan pelajaran tersebut di sekolah-sekolah, bahkan lebih dikembangkan lagi. Kalaupun menjadi tidak menarik bagi orang-orang di sana, mungkin cara penyampaiannya yang terlalu monoton dan pengajarnya kurang mengikuti perkembangan tradisi kesundaan.
Kita tentu sangat prihatin kalau pelajaran bahasa Sunda di daerah-daerah tersebut benar-benar jadi dihilangkan. Bahasa Sunda yang merupakan "gerbang" untuk lebih mengetahui budaya Sunda, dalam kondisi yang demikian tentunya menunjukkan semakin melemahnya kecintaan kita terhadap budaya sendiri.
Kita sekarang ini memang tengah berada dalam perbenturan budaya yang sangat luar biasa. Tarik menarik kepentingan budaya, terutama lokal dengan yang dari luar tengah terjadi.
Kita tahu seperti apa wajah sesungguhnya budaya masyarakat Indonesia saat ini? Agaknya, tak begitu mudah melukiskannya. Kadang tampak khusyuk dan religius. Tapi tiba-tiba muncul panorama serbametal dan ingar-bingar. Kesalehan dan kebrutalan seolah berjalan beriringan, kadang tampil sama-sama populer dan semarak. Paradoks budaya tengah berlangsung seolah saling memperebutkan hegemoni kultural.
Dalam kondisi yang demikian, budaya Sunda seharusnya bisa jadi pedoman berperilaku bagi urang sunda. Dalam pandangan hidup urang Sunda, katanya, ada istilah cageur, bageur, bener, pinter, singer, maher tur moher.
Menurut pakar pendidikan dan kebudayaan, Prof. Dr. H. Engkoswara, M.Ed., kenyataan menunjukkan, manusia yang melaksanakan budaya Sunda seperti cageur, bageur, bener, pinter, singer, maher tur moher, tidak kurang pangan, sandang, papan sehingga hidup cukup yang berbahagia lahir batin.
Artinya, dengan konsisten menjalankan kebiasaan hidup dengan mengimplementasikan nilai-nilai budaya Sunda, kita tidak perlu khawatir menjadi orang yang ketinggalan zaman. Lalu, kenapa tidak lebih ditumbuhkembangkan? **
Selasa, 30 Desember 2008
Pangwilujeng ka Warga Ika 2002 nu Lulus CPNS
Wilayah I: Bekasi - Karawang - Depok - Bogor - Subang - Purwakarta
1. Asep Sutisna, S. Pd. - Kabupaten Subang
2. Titin Trisnawati, S. Pd - Kota Depok
3. Rahmalia Novianti, S. Pd - Purwakarta
Wilayah II: Sukabumi - Cianjur - Bandung - Tasik - Ciamis
4. Kamila Sari, S. Pd - Tasikmalaya
5. Eulis Eliani, S. Pd - Tasikmalaya
6. Ane Nopita, S. Pd - Kota Bandung
7. Leli Aspriani, S. Pd - Kab. Sumedang
8. Ai Dede Komalasari,
S. Pd - Sumedang9. Nopita Depi, S. Pd - Depag Sukabumi
10. Iming Lasmini, S. Pd - Ciamis
Wilayah III: Kuningan - Cirebon - Majalengka - Indramayu
11. Yan Kusdianto, S. Pd - Kuningan
12. Ade Suarsa, S. Pd - Kuningan
13. Eka Herianto, S. Pd - Majalengka
14. Dedeh Nurfaridah, S. Pd - Majalengka
15. Ivan A.W, S. Pd - Cirebon
Mugi tiasa amanah enggoning nyangking pancen geusan ngatik ngadidik seuweu-siwi Sunda, ulah dugi aral subaha jiga kieu:

Ka Warga IKA anu teu acan aya rejekina, mugia janten pamecut tur teu ngirangan silaturahmi warga IKA Sunda 2002.
NB: Sakaterang mung sakitu, mangga bilih bade aya nu nambihan atanapi ngaropea data di luhur.
-Baktos-
Adit
Senin, 15 Desember 2008
Layang Pangangkir

Assalaamu'alaikum warohmatullohi wabarokaatuh,
Manawi teu aya cegahing Gusti Nu Mahasuci, nu kakasihna Nendi Sugandi, SPd. baris ngalaksanakeun sunah Rasul anu Insya Allah dilaksanakeun dina,
Dinten: Rabu, 17 Desember 2008
Waktos: 12.00
Tempat: Jl. Srimahi 3 No.16 Bandung
Teu kinten bingahna upami Sadérék kersa rurumpaheun sumping dina
waktosna. Kalayan kaweningan galih disuhunkeun hibar pangdu'a ti sadayana.
Kana kaweningan galih Sadérék, teu aya sanes hatur nuhun anu
kasuhun.
Wassalaamu'alaikum warohmatullohi wabarokaatuh
Kamis, 27 November 2008
Senin, 17 November 2008
Kamis, 29 Mei 2008
Saémbara ngarang sajak Sunda
Katangtuanana:
1. Saha baé bisa miluan ieu saémbara.
2. Sajak ditulis dina basa Sunda.
3. Unggal pamilon kudu ngirimkeun 5 (lima) judul sajak, ngawengku téma:
* Religi
* Alam jeung lingkungan
* Cinta (dina harti nu jembar).
* Sosial masarakat, jeung
* Patriotismeu/kapahlawanan.
Sajudul sajak diwakilan ku satéma.
4. Sajak kudu asli, lain tarjamahan atawa saduran, tur tacan dipublikasikeun boh dina média citak boh éléktronik.
5. Naskah bisa dikirimkeun via pos ka Jl. Taman Kliningan II No. 5 Bandung 40262, dina diamplop ditulisan “Saémbara Ngarang Sajak Sunda PP-SS”. Naskah kudu katarima ku panitia paling leuir 30 Juli 2008.
6. Naskah bisa dikirimkeun kana email deuih. Kintunkeun dina format doc/rtf/pdf kana email pangarangsunda@yahoo.co.id. Unggal naskah kudu dilengkepan ku biodata jeung foto nu ngarangna.
7. Naskah nu diilukeun kana ieu saémbara jadi hak panitia pikeun dipublikasikeun boh dina média citak boh éléktronik. Hak cipta aya di nu ngarangna.
8. Juri baris meunteun sakabéh naskah sarta netepkeun 6 (genep) pinunjul, nyaéta pinunjul 1,2,3, jeung 3 pinunjul harepan.
9. Para pinunjul baris dibéwarakeun bulan Séptémber 2008.
10. PP-SS nyayagikeun hadiah duit jeung piagem keur sakur pinunjul.
Bandung, April 2008
Panitia Saémbara Ngarang Sajak Sunda PP-SS
Minggu, 25 Mei 2008
Lima Pangarang Sunda Dilélér Anugerah Gupernur

Lima pangarang nu dileler hadiah, ti kénca: Asep Rumimat, Duddy R.S., Hawé Setiawan, Mamat B. Sasmita, jeung T. Bachtiar
Sakumaha nu kungsi diémbarakeun, Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK) gawé bareng jeung Pamaréntah Propinsi Jawa Barat baris ngalélér anugerah ka lima pangarang Sunda. Saha-sahana nu meunang anugerah, méméhna mah éstuning dibuni. Kakara diumumkeun téh peuting tadi, Juma’ah 9 Méi 2008, di gedong YPK Jl. Naripan No. 7 Bandung.
Dina panitén juri nu diwengku ku Wahyu Wibisana (sastrawan Sunda senior), Duduh Durahman (wakil pamingpin redaksi majalah Manglé) jeung Étti R.S. (pupuhu PP-SS), pangarang nu dilélér anugerah téh nyaéta nu nulis karya non-fiksi dina basa Sunda. Demi alesanana, pangarang fiksi mah geura réa lolongkrang pikeun meunang hadiah, saperti Hadiah Sastra Rancagé, LBSS, D.K. Ardiwinata, can rupaning saémbara nu mayeng diayakeun ku sawatara lembaga.
Juri netepkeun yén pangarang nu dilélér anugerah téh nyaéta:
1. Asép Ruhimat, sok nulis éséy dina Manglé, Cupumanik, Galura, Kudjang, jeung Koran Sunda. Asép remen ngabahas ngeunaan dunya atikan atawa ngiritik sawatara lembaga kasundaan. Lian ti éta, Asép gé dipikawanoh sok nulis buku-buku pangajaran.
2. Dudi R.S. Pangarang entragan ngora, kungsi jadi wartawan Majalah Manglé. Éséy-éséyna, sawatara taun ka tukang, mimindengan mah dimuat dina Manglé. Sawatara éséyna kungsi dilélér hadiah LBSS. Ayeuna Dudi R.S. jadi redaktur di koran Priangan.
3. Hawé Setiawan, pamingpin redaksi majalah Cupumanik. Mimitina nulis dina basa Sunda taun 1999, dimuat dina Manglé. Éséyna remen ngabahas sabudereun sastra Sunda, nepi ka sababaraha kali kapilih jadi juri hadiah sastra. Lian ti ngéséy, Hawé gé sok narjamahkeun carpon deungeun kana basa Sunda.
4. Mamat B. Sasmita, nulis dina basa Sunda mah tacan lila. Karanganana mindeng midang dina Manglé jeung Cupumanik. Mamat téh nu ngokolakeun Rumah Baca Buku Sunda téa, nu nyayagikeun rupa-rupa buku Sunda ti mangsa ka mangsa.
5. T. Bachtiar. Kolomnis kahot di majalah Manglé, ka dieunakeun remen nulis ngeunaan géografi jeung kaayaan alam di tatar Sunda. Karyana kungsi dilélér hadiah LBBS.
Pangarang nu dilélér anugerah narima piagam jeung duit ti gupernur nu gedéna Rp 5 juta.
Lian ti ngalélér anugerah ka pangarang, YPK gé medalkeun Kanagan 2, buku kumpulan carpon pinilih Manglé hadiah Uu Rukmana.***(Téks/Foto: Dadan Sutisna)
Jumat, 22 Februari 2008
Aksi Mahasiswa Jurusan Basa Sunda UPI



DINA RARAGA miéling Poé Basa Ibu Internasional 2008, sajumlah mahasiswa ti Himpunan Mahasiswa Atikan Basa Jeung Sastra Sunda (Hima Pensatrada) UPI ngalakonan aksi kalawan mawa spanduk sarta poster di Jln. Merdika Bandung, Kemis (21/2). BEM Hima Pensatrada éta nungtut keseriusan pamaréntah pikeun miara sarta ngahormatan basa wewengkon kaasup basa Sunda luyu kalawan rekomendasi Unesco.
Hasil panalungtikan UNESCO nyebutkeun, dina taun 2100 50%-90% basa di dunya baris musnah. Mangka, lamun di dunya aya 6.000 basa, ngan kira-kira 600 waé anu bisa tahan. Basa Sunda bisa waé kaasup dina basa anu baris punah éta, lamun urang Sunda henteu deui makéna dina kahirupan sapopoé.
Ieu pisan alesan anu nyieun kira-kira 150 mahasiswa sarta dosen Fakultas Atikan Basa sarta Seni (FPBS) UPI ngayakeun aksi jalan babarengan, pikeun miéling Poé Basa Ibu Internasional 2008, Kemis (21/2).
Maranéhanana mitembeyan aksi dina jam 8.00 WIB kalawan leumpang ngalingkung kampus UPI. Sanggeus éta, kalawan ngagunakeun mobil, peserta aksi indit ka Jln. Cihampelas. Di ditu maranéhanana ngarapikeun barisan, tuluy leumpang ngaliwatan Jln. Wastukancana, Jln. Merdika, Jln. Acéh, Taman Maluku, sarta lekasan di Gedong Saté Bandung.
Aksi ieu ngondang perhatian réa jelema, alatan sawatara mahasiswa aya anu raksukan tradisional Sunda, kawas calana pangsi sarta kabaya, pepek kalawan make up. Sajaba ti éta, sora kendang sarta gong anu maranéhanana pikeun ngareuah-reuah kaayaan.
Di hareupeun Bandung Éndah Plaza (BIP), maranéhanana ngandeg saterusna berorasi sarta ngabagikeun salebaran sarta kembang. Intina, maranéhanana hayang ngingetkeun balaréa Bandung yén poé éta nyaéta Poé Basa Ibu Internasional, sakaligus ngajak pikeun ngagunakeun basa Sunda.
Aksi ieu dipintonkeun ku happening art dalapan mahasiswa FPBS UPI. Saurang mahasiswa raksukan bodas metot guci peupeus anu dibungkus lawon bodas, kalawan hésé payah. Ieu némbongkeun betapa héséna miara sarta ngahormatan budaya Sunda
Senin, 11 Februari 2008
Pasanggiri Karya Tulis SKM GALURA II
Peserta :
SD/MI (kode SD/MI)
SLTP (kode SLTP)
Mahasiswa (kode Mahasiswa)
Tema & Kriteria Tulisan
1. Naskah diserat nganggo basa Sunda, sanes kenging narjamahkeun
2. Kanggo kategori SD/MI, sareng SLTP mangrupi serat dina jejer "Harepan Kanggo Gubernur Pinilih". (Ngeunaan kaayaan/pangalaman di sakola) panjang seratan maks 3 (tilu) kaca, kertas A4, 1.5 spasi 12 pt
3. Kanggo kategori Mahasiswa mangrupi narasi dina jejer "Mun Seug Kuring Jadi Gubernur Jawa Barat" panjang seratan 5(lima) kaca ukuran A4, 1.5 spasi, 12 pt
Kagegelan total Rp. 24 juta ,trofi sareng langganan Galura 6 (genep) sasih.
Cara Ngintun Naskah
1. Naskah dikintun paling elat ping 30 juni 2008 (cap pos)
2. Di Palih sisi kenca amplop diserat kode kategori peserta
3. Lampirkeun Fc kartu indentitas pelajar/mahasiswa atanapi surat keterangan ti sakola.
4. Hak ngamuat sareng nerbitkeun sagemblengna janten hak mingguan Galura
5. Naskah dikintun ka Sekretariat Panitia Karya Tulis Basa Sunda Mingguan Galura Jl Blk Factory No 2A Kompl Banceuy Permai Bandung 40111
(022) 4205256- 4203502
Minggu, 10 Februari 2008
Erry Riyana Hardjapamekas; Komisaris Utama BNI

Gatot saméméhna nyepeng kalungguhan salaku Wakil Dirut. sakumaha nu dipikanyaho yén Gatot Gatot téh adi ti gigir Presiden Susilo Bambang Yudhoyono, sedeng Erry Riyana saméméhna kungsi ngajabat salaku Wakil Ketua Komisi Pemberantasan Korupsi (KPK).
Susunan direksi BNI nu anyar:
Dirut : Gatot Mudiantoro Suwondo,
Wakil Dirut: Felia Salim nu saméméhna ngajabat komisaris independen.
Direktur : Suwoko Singoasto, Krishna Suparto, Darwin Suzandi, Ahdi Jumhari Luddin, Doddy Virgianto, dan Yap Tjay Soen.
RUPSLB nguereunkeun Komisaris Utama Zaki Baridwan sarta komisaris independen Felia Salim jeung Efendi.
Komisaris utama: Erry Riyana Hardjapamekas,
Komisaris Independen: Achil Ridwan Djayadiningrat, jeung Komisaris Fero Poerbonegoro, HMS Latif dan Parikesit Suprapto. (*)
sumber: Antara News
RAF Ngantunkeun
Sukma ninggalkeun jasmani"
(Wengi enjing tepang deui: Mang Koko)
R.A.F. kalintang ageung jasana keur kamekaran basa jeung sastra Sunda. Di antarana, anjeunna kantos ngiring merjoangkeun Perda No. 6 ngeunaan basa jeung sastra Sunda, nu saterusna dirévisi jadi Pérda No. 5,6,7. Atuh dina kurang-karang tos seueur deuih karya-karyana, di antarana Dongéng énténg ti Pasantrén, Nu Kaul ku Lagu Kaléon (dilélér Hadiah Rancagé 1990), Béntang Lapang, Urang Banjarsari jadi Inohong di Bojongrangkong (1998), jsté. R.A.F. nyerat naskah drama Sunda deuih, di antarana nu kawentar téh Yaomal Qiyamah. Taun 1956, R.A.F kapilih jadi Ketua Panitia Kongrés Pemuda Sunda (4 – 7 Novémber 1956).
Lantaran jasa-jasana dina makayakeun basa jeung sastra Sunda, taun 1998 R.A.F. dilélér Hadiah Rancagé pikeun widang jasa. R.A.F. lahir di Banjarsari, Ciamis, 2 Oktober 1929. Mimiti sakola di
HIS, neraskan ka pasantrén Miftahul Huda Ciamis. Dina mangsa révolusi, anjeunna neraskeun ka Sakola Pertanian di Tasikmalaya jeung Sekolah Menengah Atas di Bandung. Kantos deui neraskeun ka Fakultas Hukum Universitas Indonesia, nepi ka tingkat Sarjana Muda.
Lian ti kana sastra, R.A.F. panitén sépakbola deuih. Kungsi jadi koméntator sépakbola di RRI Jakarta (1951-1954). Kungsi deuih jadi ketua komisi téknik Persib (1955 – 1964).
Dadan Sutisna (tina sawatara sumber)
diropéa ku Aditia G
Rabu, 30 Januari 2008
Tepung Taun Ajip Ka-70
Milangkala kang Ajip Rosidi taun ieu -nu ka tujuh puluh- baris diramekeun di graha Sanusi Hardjadinata (aula unpad) jl. Dipati ukur bandung dinten kemis ping 31 januari 2007. Kanu salse dinten eta, hayu urang tepang. Asana baris aya baraya ti kanekes (baduy) nu angkaribung ku cacandakan-paparabotan (basa ngawurna mah karajinan), kanu hoyong, tiasa digentosan rupiah, tangtos sigana aya basar buku oge. Katambih aya pamasrahan hadiah sastra rancage. Saha wae nu kengeng hadiah Sastra Sunda Rancage? Klik: www.tribunjabar- online.com.Selasa, 29 Januari 2008
Sawargi 2008
1. SAWALA (TEMA : Ngulik ka Seni Musik Tradisional Sunda)
2. PAMERAN (makanan tradisional, souvenir, karajinan tradisional, jsb)
3. PASANGGIRI TARI SUNDA kanggo :
SD : rampak putri : tari sulintang
SMP : rampak putri : tari merak
tunggal putri : tari narantika
SMA : rampak putri : tari merak
tunggal putri : tari jayengrana
4. syukuran MILANGKALA LISENDA ITENAS KA-10 (acara kasenian sunda)
Bilih aya nu bade ngiringan janten peserta ti acara SAWARGI mangga ngahubungi : SAWALA : Bulan (08172321986/ 02291775697)
PAMERAN : Agus (085860795596/ 02292039125)
PASANGGIRI : Okta (081320279666)
kesekretaritanana di
Kampus ITENAS (Gedung Loka Abika Widya/Student Centre lantai 1)
Jl. PHH Mustopha No.23 Bandung
Selasa, 22 Januari 2008
Sastra Sunda Unpad Menuju Kelas Dunia
Jurusan Sastra Sunda Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran, dinilai memiliki peluang besar untuk masuk dalam 100 besar kelas bertaraf dunia. Selain tidak banyak perguruan tinggi yang memiliki jurusan Sastra Sunda, minat dunia luar untuk mempelajari sastra daerah relatif tinggi.
Pembantu Dekan III Bidang Kemahasiswaan Fakultas Sastra Unpad, Budi Rukhyana mengatakan hal tersebut, Senin (21/1) di Bandung. Potensi ini, kata Budi tidak sekadar mimpi, karena Sastra Jawa dari Universitas Gadjah Mada (UGM) telah membuktikan diri dengan menduduki peringkat 100 besar kelas dunia. "World class di sini tidak hanya sekadar mendatangkan mahasiswa asing untuk ikut perkuliahan kita, tetapi menjadikan jurusan atau prodi tersebut mudah diakses secara internasional," ungkap Budi.
Jika hanya fokus mendatangkan mahasiswa asing belajar di Unpad, hal ini telah lama dilakukan. Hasilnya pun masih jauh dari keinginan Unpad, untuk masuk menjadi universitas yang diperhitungkan di dunia. Namun, melihat potensi prodi Sastra Jawa UGM, Budi menilai Sastra Sunda pun bisa dijadikan sebagai salah satu jurusan yang menduduki 100 besar, yang diperhitungkan dunia. Dikatakan Budi, setiap tahun selalu ada penilaian dari lembaga survei tingkat dunia untuk jurusan atau universitas seluruh dunia.
"Unpad sebagai salah satu universitas besar merasa gelisah, karena selama ini belum pernah masuk dalam peringkat yang diperhitungkan. Jika potensi Sastra Sunda sebagai ujung tombak bisa kita unggulkan, maka secara tidak langsung Unpad sebagai universitas akan ikut masuk dalam universitas yang dipehitungkan," kata Budi. Untuk itulah, Fakultas Sastra telah mendesain agar Sastra Sunda bisa masuk kelas dunia.
Dikatakan Budi, fakultas lain di Unpad sebenarnya memiliki potensi juga. Namun, untuk bersaing dengan fakultas yang sama di kancah internasional dinilai terlalu berat. Sementara itu, Sastra Sunda merupakan potensi yang tidak dimiliki oleh banyak universitas, tetapi diminati dunia internasional.
Untuk itulah, saat ini pihaknya tengah memperbaiki kurikulum bermuatan bahasa dan budaya Sunda yang telah ada di Unpad. Sastra Sunda tidak bekerja sendiri, karena untuk menarik perhatian dunia internasional Unpad masih menggunakan perantara kursus Bahasa Indonesia yang ada di Unpad dan sering dikunjungi mahasiswa dari luar.
Diakui Budi, target ini memang membutuhkan waktu yang panjang. Namun, setidaknya telah mulai dipetakan 2008 ini. Untuk dapat menembus peringkat 100 besar tersebut, kata Budi, memang diperlukan kualitas jurusan yang baik, selain aksesibilitas. "Untuk itulah, kita mengusahakan penambahan bandwidth supaya kurikulum kami bisa diakses dunia internasional," kata Budi. (A-155)***
cita: http://beta. pikiran-rakyat. com/index. php?mib=beritade tail&id=8969
Festival Drama Basa Sunda X
Teater Sunda Kiwari baris ngagelar deui Festifal Drama Basa Sunda (FDBS) anu kasapuluh kalina. Ieu festival drama Sunda anu paling bergengsi teh lumangsung sacara konsisten saban dua taun sakali. Acara FDBS bakal digelar ti tanggal 11-28 Febuari 2008, kalayan tempatna di Gedong Kasenian Rumentangsiang, Jl. Baranang Siang No. 1, Bandung. Pendaftaran peserta FDBS geus dibuka ti tanggal 1 Oktober 2007, kalayan baris ditutp tanggal 1 Febuari 2008. Ku kituna, pikeun anu mibanda karep miluan FDBS, leuwih hade geura ngadaptarkeun ti ayeuna mula ka Gedong Kasenian Rumentangsiang, Jl. Baranang Siang No. 1, Bandung, unggal poe ti jam 09. 00 nepi ka jam 16.00 WIB.Bisi aya anu rek ditanyakeun ngeunaan ionformasi sejenna FDBS, bisa ngontak bae ka Dadi P. Danusubrata, Ketua Teater Sunda Kiwari (HP: 08122011713), Encep (081572063063), atawa Iqbal (08562100125).***
Senin, 21 Januari 2008
Miéling Poé Basa Indung International
1. Orasi budaya ngeunaan basa Sunda.
2. Paméran buku jeung Pustaka Sunda.
3. Lomba ngeusian Teka-Teki Silang (TTS) bahasa Sunda pikeun guru-guru sa-Jawa Barat ngaliwatan sistem komputer. Ieu Kegiatan, sajaba ti hiburan, maksudna pikeun ngasah deui digunakeunana kandaga kecap basa Sunda.
4. launching buku Jeblog, kumpulan naskah drama Sunda hasil saémbara PP-SS.
5. launching CD musikalisasi puisi dan CD Lembur Kuring.
6. Pentas kasenian Sunda.
sumber:http://ppss.or.id/
Hadiah Hardjapamekas
Hadiah Hardjapamekas téh wangun panghargaan pikeun guru-guru basa Sunda. Éta panghargaan téh dumasar kana kahéman aranjeunna nu teu kendat ngajarkeun basa Sunda ka barudak sakola. Ieu hadiah baris dipasrahkeun ku Yayasan Kebudayaan Rancagé unggal taun, ti mimiti taun 2008. Guru basa Sunda nu cocog pikeun dilélér ieu hadiah méméhna dipilih heula ku Déwan Juri Hadiah Hardjapamekas, keur tiluaneun, guru SD, DMP, jeung SMA. Para pinunjul Hadiah Hardjapamekas baris dilélér tropi, piagem, jeung duit Rp. 5 juta (lima juta rupia).R.S. Hardjapamekas (1913-2005)
Hadiah Hardjapamekas kénging nyandak tina jenengan salah sahiji tokoh atikan ti Jawa Barat, R. Sobri Hardjapamekas (1913-2005) suwargi. Anjeunna lahir di Cianjur, Jawa Barat, 23 Séptémber 1913. Ngawitanana mah ancrub kana widang pamaréntahan, tapi ti taun 1950-an leuwih niténan widang atikan. Hardjapamekas tabah pisan nyarios basa Jérman, dugi ka anjeunna kénging kasempetan ngulik pangarti di Jérman. Samulihna ti luar negeri, anjeunna terus ngawulang di IKIP Bandung (ayeun Universitas Pendidikan Indonesia), dugi ka pangsiunna.
Lian ti ngajar, Hardjapamekas tapis kana nyerat deuih, pangpangna buku-buku kabudayaan jeung atikan. Karya-karyana di antarana Sekelumit Mitologi Yunani (1986), Bunga Rampai Kebahasaan (1988), Kamus Latin-Indonesia (1993) jeung Pengantar Kesusastraan Jerman (1997). Biografina, Bekerja demi Bangsa (2003) ditulis ku Tatang Sumarsono, terus disundakeun ku Dadan Sutisna sarta dijudulan Buméla ka Bangsa (2004).
R.S. Hardjapamekas ngantunkeun di Bandung, 23 Juli 2005 dina yuswa 91 tahun.
Pinunjul Hadiah Hardjapamekas 2008
Guru basa Sunda nu dilélér Hadiah Hardjapamekas 2008 nyaéta:
1. Holisoh M.É. (guru SD)
Holisoh M.É. lahir di Bandung, 25 Désémber 1952. Lulusan SPG (Sekolah Pendidikan Guru) II Bandung nu geus 34 taun ngajar di Sakola Dasar. Ayeuna Holisoh jadi kepala SDN Mekarsari, Cileunyi, Kabupaten Bandung.
Lian ti guru, Holisoh gé pangarang Sunda produktif deuih. Ngarang carpon aya kana 900 judulna, puluhan carita nyambung, jeung welasan karyana geus dibukukeun. Novélna, Kembang-Kembang Petingan (2002) dilélér Hadiah Sastra Rancagé 2003.
Holisoh matuh di Jl. Anggrék Raya No. 18 Blok A 40, Griya Jatinangor I, Kecamatan Sukasari, Kabupaten Sumedang, Jawa Barat.
2. Cece Hidayat (guru SMP)
Drs. Cécé Hidayat lahir di Bandung, 26 Méi 1964. Taun 1990, lulus ti Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah IKIP Bandung (ayeuna UPI), ti harita jadi guru basa Sunda. Ayeuna Cécé ngajar di SMPN 13 Bandung.
Cécé aktif dina sawatara organisasi nu aya patalina jeung basa katut budaya Sunda. Di sakola, Cécé teu kendat ngajurung sangkan barudak résép ngarang jeung maca buku Sunda. Cécé remen nulis boh basa Sunda boh basa Indonésia. Matuhna di Gg. Masjid Persis RT 02 RW 06 Ciapus, Banjaran, Kabupatén Bandung 40377.
3. Endan Sukanda (guru SMA)
Drs. Endan Sukanda lahir di Cianjur, Jawa Barat, 5 Fébruari 1956. Lulusan Jurusan Pendidikan Sejarah IKIP Bandung (ayeuna UPI). Sok leukeun nulis, pangpangna dina basa Sunda, tur sababaraha kali meunang panghargaan.
Mimiti mah Endan téh ngajar widang pangajaran Sosiologi jeung Sajarah. Saprak di SMA aya pangajaran basa Sunda, Endan jadi guru basa Sunda deuih. Lian ti ngajar, Endan gé sok ngayakeun panalungtikan, di antarana nalungtik widang pangajaran basa Sunda di SMA.
Endan matuh di Jl. Letda T. Asmita No. 01 RT 01 RW 06, Kelurahan Naggeleng, Kecamatan Citamiang, Kota Sukabumi 43145.
Pamasrahan Hadiah
Pamasarahan Hadiah Hardjapamekas dilaksanakeun kalayan gawé bareng Yayasan Kebudayaan Rancagé jeung Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah UPI Bandung. Tempatna di Balai Pertemuan UPI, Minggu 13 Januari 2008, tabuh 10.00 dugi ka 12.00. Ieu acara diluuhan ogé ku Réktor UPI Prof.Dr. Sunaryo Kartadinata, Erry Ryana Hardjapamekas, sareng inohong-inohong séjénna. Acara ieu dieuyeuban ogé ku kasenian gondang ti mahasiswa basa Sunda UPI.
sapalih nyutat tina http://www.ppss.or.id





