PAGUYUBAN Panglawungan Sastra Sunda taun ieu ngayakeun saémbara ngarang sajak Sunda. Teu béda ti saémbara méméhna, ieu saémbara téh ngajembaran jeung ngahudang kréativitas pangarang kana karya sastra Sunda.
Katangtuanana:
1. Saha baé bisa miluan ieu saémbara.
2. Sajak ditulis dina basa Sunda.
3. Unggal pamilon kudu ngirimkeun 5 (lima) judul sajak, ngawengku téma:
* Religi
* Alam jeung lingkungan
* Cinta (dina harti nu jembar).
* Sosial masarakat, jeung
* Patriotismeu/kapahlawanan.
Sajudul sajak diwakilan ku satéma.
4. Sajak kudu asli, lain tarjamahan atawa saduran, tur tacan dipublikasikeun boh dina média citak boh éléktronik.
5. Naskah bisa dikirimkeun via pos ka Jl. Taman Kliningan II No. 5 Bandung 40262, dina diamplop ditulisan “Saémbara Ngarang Sajak Sunda PP-SS”. Naskah kudu katarima ku panitia paling leuir 30 Juli 2008.
6. Naskah bisa dikirimkeun kana email deuih. Kintunkeun dina format doc/rtf/pdf kana email pangarangsunda@yahoo.co.id. Unggal naskah kudu dilengkepan ku biodata jeung foto nu ngarangna.
7. Naskah nu diilukeun kana ieu saémbara jadi hak panitia pikeun dipublikasikeun boh dina média citak boh éléktronik. Hak cipta aya di nu ngarangna.
8. Juri baris meunteun sakabéh naskah sarta netepkeun 6 (genep) pinunjul, nyaéta pinunjul 1,2,3, jeung 3 pinunjul harepan.
9. Para pinunjul baris dibéwarakeun bulan Séptémber 2008.
10. PP-SS nyayagikeun hadiah duit jeung piagem keur sakur pinunjul.
Bandung, April 2008
Panitia Saémbara Ngarang Sajak Sunda PP-SS
Kamis, 29 Mei 2008
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar