
Lima pangarang nu dileler hadiah, ti kénca: Asep Rumimat, Duddy R.S., Hawé Setiawan, Mamat B. Sasmita, jeung T. Bachtiar
Sakumaha nu kungsi diémbarakeun, Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK) gawé bareng jeung Pamaréntah Propinsi Jawa Barat baris ngalélér anugerah ka lima pangarang Sunda. Saha-sahana nu meunang anugerah, méméhna mah éstuning dibuni. Kakara diumumkeun téh peuting tadi, Juma’ah 9 Méi 2008, di gedong YPK Jl. Naripan No. 7 Bandung.
Dina panitén juri nu diwengku ku Wahyu Wibisana (sastrawan Sunda senior), Duduh Durahman (wakil pamingpin redaksi majalah Manglé) jeung Étti R.S. (pupuhu PP-SS), pangarang nu dilélér anugerah téh nyaéta nu nulis karya non-fiksi dina basa Sunda. Demi alesanana, pangarang fiksi mah geura réa lolongkrang pikeun meunang hadiah, saperti Hadiah Sastra Rancagé, LBSS, D.K. Ardiwinata, can rupaning saémbara nu mayeng diayakeun ku sawatara lembaga.
Juri netepkeun yén pangarang nu dilélér anugerah téh nyaéta:
1. Asép Ruhimat, sok nulis éséy dina Manglé, Cupumanik, Galura, Kudjang, jeung Koran Sunda. Asép remen ngabahas ngeunaan dunya atikan atawa ngiritik sawatara lembaga kasundaan. Lian ti éta, Asép gé dipikawanoh sok nulis buku-buku pangajaran.
2. Dudi R.S. Pangarang entragan ngora, kungsi jadi wartawan Majalah Manglé. Éséy-éséyna, sawatara taun ka tukang, mimindengan mah dimuat dina Manglé. Sawatara éséyna kungsi dilélér hadiah LBSS. Ayeuna Dudi R.S. jadi redaktur di koran Priangan.
3. Hawé Setiawan, pamingpin redaksi majalah Cupumanik. Mimitina nulis dina basa Sunda taun 1999, dimuat dina Manglé. Éséyna remen ngabahas sabudereun sastra Sunda, nepi ka sababaraha kali kapilih jadi juri hadiah sastra. Lian ti ngéséy, Hawé gé sok narjamahkeun carpon deungeun kana basa Sunda.
4. Mamat B. Sasmita, nulis dina basa Sunda mah tacan lila. Karanganana mindeng midang dina Manglé jeung Cupumanik. Mamat téh nu ngokolakeun Rumah Baca Buku Sunda téa, nu nyayagikeun rupa-rupa buku Sunda ti mangsa ka mangsa.
5. T. Bachtiar. Kolomnis kahot di majalah Manglé, ka dieunakeun remen nulis ngeunaan géografi jeung kaayaan alam di tatar Sunda. Karyana kungsi dilélér hadiah LBBS.
Pangarang nu dilélér anugerah narima piagam jeung duit ti gupernur nu gedéna Rp 5 juta.
Lian ti ngalélér anugerah ka pangarang, YPK gé medalkeun Kanagan 2, buku kumpulan carpon pinilih Manglé hadiah Uu Rukmana.***(Téks/Foto: Dadan Sutisna)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar