
Ngayakeun Hadiah Hardjapamekas téh saheulaan mah ku cara swadana, pangpangna kalayan pangrojong ti kulawarga R.S. Hardjapamekas (1913 – 2005) suwargi. Tujuanana pikeun ngajurung sumanget guru basa Sunda dina miara jeung ngamekarkeun basa Sunda dina widang pangajaran jeung atikan.
R.S. Hardjapamekas (1913-2005)
Hadiah Hardjapamekas kénging nyandak tina jenengan salah sahiji tokoh atikan ti Jawa Barat, R. Sobri Hardjapamekas (1913-2005) suwargi. Anjeunna lahir di Cianjur, Jawa Barat, 23 Séptémber 1913. Ngawitanana mah ancrub kana widang pamaréntahan, tapi ti taun 1950-an leuwih niténan widang atikan. Hardjapamekas tabah pisan nyarios basa Jérman, dugi ka anjeunna kénging kasempetan ngulik pangarti di Jérman. Samulihna ti luar negeri, anjeunna terus ngawulang di IKIP Bandung (ayeun Universitas Pendidikan Indonesia), dugi ka pangsiunna.
Lian ti ngajar, Hardjapamekas tapis kana nyerat deuih, pangpangna buku-buku kabudayaan jeung atikan. Karya-karyana di antarana Sekelumit Mitologi Yunani (1986), Bunga Rampai Kebahasaan (1988), Kamus Latin-Indonesia (1993) jeung Pengantar Kesusastraan Jerman (1997). Biografina, Bekerja demi Bangsa (2003) ditulis ku Tatang Sumarsono, terus disundakeun ku Dadan Sutisna sarta dijudulan Buméla ka Bangsa (2004).
R.S. Hardjapamekas ngantunkeun di Bandung, 23 Juli 2005 dina yuswa 91 tahun.
Pinunjul Hadiah Hardjapamekas 2008
Guru basa Sunda nu dilélér Hadiah Hardjapamekas 2008 nyaéta:
1. Holisoh M.É. (guru SD)
Holisoh M.É. lahir di Bandung, 25 Désémber 1952. Lulusan SPG (Sekolah Pendidikan Guru) II Bandung nu geus 34 taun ngajar di Sakola Dasar. Ayeuna Holisoh jadi kepala SDN Mekarsari, Cileunyi, Kabupaten Bandung.
Lian ti guru, Holisoh gé pangarang Sunda produktif deuih. Ngarang carpon aya kana 900 judulna, puluhan carita nyambung, jeung welasan karyana geus dibukukeun. Novélna, Kembang-Kembang Petingan (2002) dilélér Hadiah Sastra Rancagé 2003.
Holisoh matuh di Jl. Anggrék Raya No. 18 Blok A 40, Griya Jatinangor I, Kecamatan Sukasari, Kabupaten Sumedang, Jawa Barat.
2. Cece Hidayat (guru SMP)
Drs. Cécé Hidayat lahir di Bandung, 26 Méi 1964. Taun 1990, lulus ti Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah IKIP Bandung (ayeuna UPI), ti harita jadi guru basa Sunda. Ayeuna Cécé ngajar di SMPN 13 Bandung.
Cécé aktif dina sawatara organisasi nu aya patalina jeung basa katut budaya Sunda. Di sakola, Cécé teu kendat ngajurung sangkan barudak résép ngarang jeung maca buku Sunda. Cécé remen nulis boh basa Sunda boh basa Indonésia. Matuhna di Gg. Masjid Persis RT 02 RW 06 Ciapus, Banjaran, Kabupatén Bandung 40377.
3. Endan Sukanda (guru SMA)
Drs. Endan Sukanda lahir di Cianjur, Jawa Barat, 5 Fébruari 1956. Lulusan Jurusan Pendidikan Sejarah IKIP Bandung (ayeuna UPI). Sok leukeun nulis, pangpangna dina basa Sunda, tur sababaraha kali meunang panghargaan.
Mimiti mah Endan téh ngajar widang pangajaran Sosiologi jeung Sajarah. Saprak di SMA aya pangajaran basa Sunda, Endan jadi guru basa Sunda deuih. Lian ti ngajar, Endan gé sok ngayakeun panalungtikan, di antarana nalungtik widang pangajaran basa Sunda di SMA.
Endan matuh di Jl. Letda T. Asmita No. 01 RT 01 RW 06, Kelurahan Naggeleng, Kecamatan Citamiang, Kota Sukabumi 43145.
Pamasrahan Hadiah
Pamasarahan Hadiah Hardjapamekas dilaksanakeun kalayan gawé bareng Yayasan Kebudayaan Rancagé jeung Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah UPI Bandung. Tempatna di Balai Pertemuan UPI, Minggu 13 Januari 2008, tabuh 10.00 dugi ka 12.00. Ieu acara diluuhan ogé ku Réktor UPI Prof.Dr. Sunaryo Kartadinata, Erry Ryana Hardjapamekas, sareng inohong-inohong séjénna. Acara ieu dieuyeuban ogé ku kasenian gondang ti mahasiswa basa Sunda UPI.
sapalih nyutat tina http://www.ppss.or.id
Tidak ada komentar:
Posting Komentar