
PANITIA ngecek jumlah naskah ujian ahir sakola nu berstandar nasional (UASBN) SD-MI di Aula SMKN 3 Bandung Jln. Solontongan No. 10 Kota Bandung, Saptu (10/5). Naskah éta didistribusikeun ka unggal rayon nu jumlahna aya 998 SD/MI di Kota Bandung kalawan pamilon 38.094 siswa.
Soal ujian anu ditarima ku rayon Kota Bandung, Jumaah (9/5) jam 23.00 WIB sarta didistribusikeun ka 13 subrayon kira-kira jam 12.00 WIB kalayan meunang kawalan ti pihak kapulisian jeung pihak panitia . Soal ujian bisa dicandak ku panitia sakola nu ngayakeun dina poé H mimiti jam 5.30-6.00 WIB ka tiap subrayon.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar