Éséy Iwa Lukmana
Sapamanggih, urang Sunda mah umumna boga sikep positif kana kabiasaan mancakaki. Cindekna, dianggap merenah. Ieu téh bisa katengetan upamana dina sawangan Ajip Rosidi (Pancakaki, 1996). Tapi naha bener mancakaki téh mibanda konsép nu mulus? Ti antara pamanggih nu pernah katiténan, mancakaki dianggap perlu pikeun ngaraketkeun duduluran, manjangkeun silaturahmi. Saha nu kaabotan atuh kana perkawis ieu mah. Tapi urang tetep kudu waspada kana akibat négatif nu bisa jadi aya mamalana. Jeung kudu ditarékahan panyinglarna.
Pancakaki jeung Mancakaki
Pancakaki téh konsép budaya nu asalna mah dilarapkeun di lingkungan kulawarga. Upamana, naha hubungan antara égo jeung nu lian téh perenahna emang, alo, adi, lanceuk, dulur misan, aki ti gigir, jeung sajabana. Tangtu muguhkeun ieu hubungan téh kacida pentingna pikeun rupaning kaperluan, di antarana pikeun netepkeun urusan jatukrami, warisan, jeung réa-réa deui.
Tapi saterusna mah konsép pancakaki téh ngalegaan, lain ngan dilarapkeun dina hubungan kulawarga wungkul, tapi dina hubungan sosial nu leuwih lega (tingali Ajip Rosidi, 1996). Upamana, istilah-istilah kakulawargaan (modél bapa, ibu, akang, ceuceu, bibi, atawa emang) lain ngan digunakeun dina hubungan jeung dulur tapi jeung batur deuih. Upamana, istilah akang lain ukur sesebutan ka lanceuk lalaki, tapi ka lalaki nu lain dulur, biasana nu saluhureun.
Najan konsép pancakaki mah jigana sipatna universal, sumebar di sakuliah jagat, tapi ari kabiasaan mancakaki mah henteu jadi kabiasaan unggal sélér. Dina panitén Ajip, nu resep pisan kana mancakaki mah nya urang Sunda. Sabalikna, ieu kabiasaan téh teu umum dina budaya Malayu atawa budaya Indonésia lianna mah. Kagiatan mancakaki téh kurang leuwih mangrupa usaha pikeun muguhkeun status hubungan nu ngomong jeung nu diajak ngomong, boh dina hubungan kulawarga boh dina hubungan sosial lianna.
Mangpaat mancakaki
Kabiasaan mancakaki téh miboga ajén positif, nyaéta pikeun néangan titik nu sarua (Ajip Rosidi, 1996). Sacara primitif, titik nu sarua téh dasarna nya hubungan getih: papada dulur, sakocoran. Dina kontéks nu leuwih lega, titik nu sarua téh dasarna bisa rupa-rupa, upamana sarua urang pakidulan, sarua ngumbara di Bandung, sarua turunan radén, jeung sajabana. Harepanana, ieu kabiasaan bisa ngaraketkeun duduluran manjangkeun babarayaan, boh dina harti nu primitif boh dina kontéks nu leuwih lega. Ngawangun solidaritas meureunan, dina istilah nu leuwih mutahir mah. Tangtu ieu kabiasan téh hadé pisan pikeun ngawangun network.
Ku sabab urang Sunda mah resep mancakaki, bisa diasumsikeun yén pakumbuhan Sunda téh dumasar kana asas duduluran, ku jalan merenahkeun anggotana dina hubungan pancakaki (Ajip Rosidi, 1996). Jigana asas kieu téh masih dianggap hadé ku urang Sunda mah, minimal sacara konsép. Ari larapna dina hirup kumbuh sapopoé mah wallohu’alam, da geuning asa beuki loba urang Sunda anu katémbong hirupna aing-aingan. Sikep jiga kieu téh boa-boa mangrupa akibat tina ningkatna atikan formal urang Sunda. Jigana beuki luhur atikan (formal) hiji jelema, beuki sadar manéhna kana hak-hak individuna.
Mamalana mancakaki
Tangtu taya sistim jieunan manusa nu sampurna, kitu deui kabiasaan mancakaki. Ku kituna, najan urang reueus ku sisi hadéna tina kabiasaan mancakaki, urang gé perlu waspada kana sawatara mamala nu bisa lahir tina ieu kabiasaan. Atuh lamun geus sadar mah urang tinggal narékahan éksés négatifna. Nu perlu dicatet, unsur négatif tina mancakaki téh dumukna persis saimah jeung unsur positifna pisan.
Kahiji, numutkeun Ajip, mancakaki téh perlu pikeun néangan titik nu sarua. Ngan urang perlu sadar yén waktu néangan nu sarua téh urang gé bakal manggihan titik nu béda. Tah ieu titik nu béda téh, komo mun bari ditétéangan, bakal jadi sumber mamala. Contona, najan kapanggih sarua turunan ningrat, tapi geuningan nu diajak nyarita téh leuwih ledok ningratna. Atawa sanajan sarua salembur tapi geuning nu diajak nyarita téh cicingna di imah élit. Atawa sanajan digawé dina widang nu sarua tapi kalungguhanana éstu pikaajriheun. Atuh haté téh jadi murengked. Atuh ngomong gé jadi ngadak-ngadak leuwih lentong. Atuh awak gé jadi murungkut. Leuwih cilaka deui lamun nu diajak nyarita téh ngadak-ngadak jadi ngajago, da pangrasana leuwih luhur darajatna.
Mun geus kieu urang bakal balik deui kana kabiasaan mamandapan jeung popoyongkodan. Saperti nu pernah disabit ku kuring (Cupumanik No.19/2005). Popoyongkodan-kiti deui dulurna, rerengkuhan-téh kabiasaan nu hirarkis, nu lahir tina jiwa nu féodal. Nya cocok wé meureunan pikeun gaul dina jaman Dalem Boncél mah. Coba mun urang mibanda méntalitas moyongkod, hég panggih jeung lawan ngobrol nu saluhureun sagala-galana, kapan urang téh jadi sararungkan teuing lamun kudu menerkeun atawa ngiritik tindakanana nu kurang merenah. Komo mun anjeunna téh tuluy nembrakkeun statusna ku cara ngabapakeun, ngaibukeun, jeung sajabana. Atuh boh haté, boh awak, boh lisan jadi hésé ajeg. Éwuh pekéwuh téa meureun kasebutna dina basa Jawa mah.
Kaduana, Ajip ngindikasikeun deuih yén ku ayana kagiatan mancakaki urang bakal bisa muguhkeun tatakrama pikeun nyanghareupan lawan ngobrol, antarana pikeun muguhkeun kecap sesebutan, model bapa, ibu, akang, ayi, jeung sajabana. Ka dituna mah nya pikeun muguhkeun larapna basa nu leuwih jembar. Ngan nya kitu téa, tatakrama Sunda mah kacida hirarkisna, komo tatakrama nu nyoko kana undak usuk basa mah. Jadi mémang sacara idéologis kabiasaan mancakaki bisa ngipuk tur mageuhan idéologi féodalismeu. Sacara bawah sadar urang bakal digiring pikeun muguhkeun status batur jeung status sorangan. Tungtungna urang bakal kajiret deui ku sabangsaning rasa sungkan. Da urang mah jigana masih resep kana ngagegedékeun status téh.
Katiluna, ku ayana kagiatan mancakaki, urang bisa ngabaékeun ésénsi obrolan, da leuwih ngagugulukeun hubungan kalungguhan (power relation), enya status téa. Jadi nu dianggap leuwih penting mah saha nu ngobrolna, lain naon nu diobrolkeunana. Akibatna, dina gempungan-gempungan sering katiténan jelema ramé ngawangkong di tukang, teu paduli ka nu nyarita di hareup. Kétang kitu sotéh lamun nu nyaritana kurang power, da upami nu nyariosna ageung powerna mah urang gé janten saregep ngupingkeun cariosanana, nu can tangtos langkung penting ti batan obrolan jalma anu kurang powerna. Ti mana urang apal naha nu nyarita téh mibanda power nu kuat atawa biasa-biasa baé? Kapan tina naluri mancakaki téa, sanés? Kapan urang bakal maluruh heula saha nu nyarios téh, urang mana, padamelanana naon, kalungguhanana naon, sareng sajabina. Da éta nu penting mah, powerna. Ari eusi atawa ésénsi obrolanana mah duka nomer kasabaraha.
Kaopat, ku sabab ngaheulakeun mancakaki, urusan séjén bisa kaluli-luli. Komo lamun keuna ka nu sok reueus ku kokocoran mah. Bisa-bisa sapopoé nyaritakeun silsilah, nu cenah lamun disusud-susud mah singhoréng nyambung ka Prabu Siliwangi naon ku hanteu. Lain salah, tapi naha euweuh urusan nu leuwih penting kitu? Lamun kamalinaan, kabiasaan mancakaki téh bakal ngamubadirkeun waktu jeung énérji. Cék heureuy téa mah, mun aya béja musuh nyerang, éta mah urusan kadua, da nu penting mah mancakaki heula. Atuh kaburu dipacok oray mantén. Atawa batur mah geus nepi ka bulan, urang Sunda mah masih sibuk néangan hubungan kokocoran jeung dalem itu dalem ieu, perebu itu perebu ieu. Dina carita karangan Ahmad Bakri mah geuning, mancakaki apaputra-apaputra téh mani matak nyenghél.
*
LAMUN demokrasi téh jadi salah sahiji udagan, masarakat Sunda kudu ati-ati dina ngalarapkeun kabiasaan mancakaki. Salah sahiji nu diperjuangkeun dina demokrasi téh kapan kesetaraan. Ku kituna, anu kudu diangkat tina kabiasaan mancakaki téh nya éta kabiasaan nepungkeun titik nu sarua téa. Sikep duduluran tea. Ngawangun solidaritas téa. Ari unsur nu bédana mah teu kudu digegedékeun, toléransieun baé. Jadi teu salah lamun urang hayang apal saha nu ku urang diajak ngomong téh, asal dijadikeun dasar pikeun ngawangun solidaritas. Lamun sadar yén jelema téh dina enas-enasna mah satata, tangtu urang bakal leuwih merhatikeun eusi omongan ti batan saha nu ngomongna. Hartina urang bakal leuwih mentingkeun ésénsi ti batan hal-hal nu sifatna formalitas.
Sabalikna, lamun kaleuleuwihi dina mancakaki, urang bisa kaséréd kana kabiasaan ngabéda-béda jelema. Sanajan hirarki mah geus mangrupa takdir, tapi teu perlu digegedékeun. Mun urang boga posisi nu kuat, teu ditébréng-tébréng gé batur bakal arapaleun. Atuh pikeun nu ditakdirkeun meunang posisi nu lemah, naon perluna mamandapan jeung popoyongkodan. Antukna urang bakal tigebrus kana jurang féodalisme nu geus teu luyu jeung konsép kahirupan jaman kiwari. Intina mah, urang ulah kajiret ku kabiasaan ngagegedékeun hubungan kalungguhan (power relation). Sikep hirarkis-féodal téa, nya éta kabiasaan ngadama-dama ka saluhureun, tapi api lain ka sasama, komo ka sahandapeun. Jiga gaya bangkong ngojay téa, ka luhur nyembah, ka sisi nyieuhkeun, ka handap nyejek.***
*) Nu nulis ngajar di FPBS, Universitas Pendidikan Indonesia
*). www.cupumanik.com

Tidak ada komentar:
Posting Komentar