Ngabébér-bébér layar, sastra Sunda tarik jangkar, ngambah legana sagara nu “tiis-tiis jahé”. Kapal “Titasik” nu kacida ékslusifna mangsa harita gé geuning ngadon tilem tilelep ka puseur laut kasusastraan nu mongkléng, najan saéstuna bisa jadi di jerona réa warna kawas dina film Sponge Bob. Nulis téh bari ni’mat ngalamun jeroning carpon “Bulan Wanci Sareupna” Dadan Sutisna. Kabayang kumaha keueungna ngangkleung di tengah sagara, bari jeung teu manggih waé basisir geusan tujuan balabuh, atawa mémang taya tujuan kitu?
Duka tah. Ngan nu sidik dina éta carpon, loba nu teu aréling ngalaman kaayaan nalangsa di tengah sagara téh, sok sanajan lambakna mah teu motah-motah teuing kawas di Hawai ogé. Padahal harita sang nahkoda geus satékah polah méré arah, méré pépéling sangkan aréling, sina saladar. Kapaksa di dieu nahkoda (sanajan ijid) ngalarapkeun dwifungsi-na: salaku supir nu nangtukeun arah kapal jeung salaku ustad nu ngarahkeun sipat – ngarahkeun karakter.
Tapi abong awak kapal nuju mabok, kaweur, marojéngja, kelar jauh panineungan, motah, tineung, gulinggasahan, jsté. (bisa ditambahan ku rupa-rupa rasa, atawa bisa dihijikeun jadi sarasa) sanajan dilelempeng tur dipapagahan ku nahkoda lengkep jeung buku petunjuk Kiat-Kiat Ngambah Sagara (baca: sastra) ogé, angger wé nu arédan jeung nu kaédanan téh teu bisa diélingan.
Saha nu édan? jeung, saha nu kaédanan? nya nu kabayang mah tokoh utama urang nu teu biasa ngambah sagara téa, sebut waé upamana pangarang nu anyar balegér (lain begér mindo) nu kakara ngalaman mabok asmara. Dina dadana mimiti ngarasakeun éndahna rasa cinta. Geuning ku kolot mah sakapeung sok dilédék “Lah…cinta monyét!”
Enya, tokoh carita urang mémang keur meujeuhna ngalaman cinta monyét. Abong cinta monyét, sanajan ka monyét, sok keukeuh peuteukeuh ngalakonan juh ratus juh puluh cara pikeun meunangkeun monyét pujaan atina. Ti mimiti ngalukis monyét, nyieun sajak monyét, nyieun carpon monyét, meuli buku-buku ngeunaan monyét, atawa curhat jeung babaturan nepi ka méméh tahrim ngeunaan monyét. Pamustungannana mah ngan hiji; cinta.
Ngan hanjakalna, énding carita teu salawasna bagja keur tokoh carita urang. Pungkasan caritana malik tiis jiga tarason. Cintana nu ngagalura, ditolak lantip tapi peureus – dicuékeun. Sumangetna ngedalkeun kacinta nu ngagalura téh ukur numpuk di méja-méja rédaksi atawa mading-mading. Copélna, kalan-kalan nyampak dina corétan-corétan témbok, sms, curhatan e-mail, atawa di tukangeun buku tulis lécésna. Teu ngabibisani kituna mah, aya sajak, carpon, atawa naon baé ngaranna nu nyempil di rohang-rohang leutik rubrik-rubrik, nu satuluyna ditémbongkeun ka balaréa jiga adegan Maria Eva nu keur mah geunjleung digeunjleung-geunjleungkeun. Sajaba diumumkeun, aya éta ogé nu dipeunteun ku rédaksi saparagraf dua paragraf waé mah, tapi peun, ulah ngaharepkeun nu leuwih ti éta.
Tokoh carita urang jigana kudu narimakeun, yén pujaan atina ogé boga hak nangtukeun pilihan, boga hak ngukur kadar cintana najan ukuranna geus dibakukeun jiga rumus éksak: hadé atawa goréng, alus atawa butut, luhung atawa handap kumplit jeung perséntaseu analisisna. Cindekna, pujaan atina téh boga hak pikeun jadi aprésiator cinta manéhna.
Tapi sastra Sunda lain ibu-ibu nu kaédanan ku Empat Mata, lain budak nu gandrung kana Smack Down. Jadi, ulah teuing jajauheun miharep nu maca nepi ka ceurik balilihan, nurutan polah tokoh rékaan urang, atawa copélna ngarénghap jero alatan manggihan pangalaman anyar kuring jiga nu kapanggih dina sajak “Di Parapatan” Tarlan atawa “Tarahalna Jalan Urang” Rizal Sabda, atawa ngilu ngageri ka Mang Adja dina carpon “Kéncléng” Lugiena Dé, atawa maénkeun peran jadi objék dina “Démo” Wasta Ai, jeung juh ratus juh puluh urang nu ngalantri satukangeunana bari mamawa kembang pelakeun taman pamekar nu gedé harepan tuluy dicéboran saban isuk, sabab kadar cintana teu ka/di-ukur ku pujaan atina.
“Terus…terus?!” ceuk tukang parkir, “Naon gunana nyakolakeun budak salima-lima di sakolaan nu aya pangajaran Sastra, nya minimalna aya matéri poko Aprésiasi Sastra?” nu ditanya puguh ngabigeu, sabab tina pangalamanana pribadi ningali pagelaran-pagelaran Seni – kaasup sastra – manéhna ningali pamiarsa anu lamun teu nundutan, nya super hiperaktif, samalah sakapeung jiga nu over acting. Aprésiator kawasna mah hayang milu maén, milu nyenggakan bari jeung teu mawa hasil nanaon sanggeus layar ditutup. Kawasna mah kabéh harayang jadi pamaén, hayang jadi nu narabeuh, bari taya nu boga hajatna, bari taya nu nanggapna, da puguh rohang nu sakitu legana téh suwung ku nu lalajo. Padahal nu boga hajat atawa nu lalajo téh bisa milu népakeun ka nu lain, jiga ibu-ibu nu lalajo sinétron ngabagi pangalaman lalajo sinétron “Intan” ka tatanggana kalayan sumanget tur titén unggal adeganana, jiga Ajip Rosidi basa “lalajo” Sayudi dina ‘Lalaki Tegal Pati’-na, jiga Dian Héndrayana sabada “ngupingkeun” Nano.S dina ‘katem’-na, atawa Nirwan Ahmad Arsuka bangun ni’mat “ngagaléntoran awak” Ayu Utami dina Novélna ‘Larung’. Antukna nu ditanya téh balaka: “Urang mémang – mun embung disebut henteu – kurang aprésiatif!” ceuk manéhna bari ngahurungkeun starter mobilna laju nincak gas satakerna, ninggalkeun tukang parkir jeung sajuta kapanasaran jero sirahna.
Balik deui kana tokoh utama carita urang. Hiji waktu manéhna nepungan pimitohaeunana, ngawani-wanikeun manéh silaturahmi bari balaka ngeunaan rasa cintana ka sakadang monyét téa. Énténg pimitohaeunana némbal,
“Sing sabar wé nya Cu, da jodo mah moal ka mamana!” ceuk pimitohaeun tokoh utama urang ngabeberah manah bari ngadongéngkeun Novél Frankenstein or the Modern Prometheus (1818) karangan Mary Wollstonecraft Shelley nu diajénan saabad sabadana, bari ngingetan yén Haji Hasan Mustafa ogé karyana kabaca tur dianggap luhur kualitasna sabada diteuleuman ku Ajip Rosidi nu géséh umurna kapan mangpirang-pirang anggangna, teu kaliwat Ki Umbara nu kapanggih Ngislamkeun Siluman-na ku Agus Suhérman nu pipanteseun jadi incuna. Dangding HHM diguar pikeun tatapakan, Carpon Mistéri Ki Umbara diguar pikeun jadi sumber inspirasi, Novél Pangantén atawa Sajak-sajak Godi diulik pikeun jadi monumén jamanna.
Atuh munasabah mun téa mah kuring diwidian ngabayangkeun, bukti cinta tokoh utama carita urang “nu kaédanan” téh kakara kaguar ku anak incuna isuk jaga, nu pancénna ukur nuluykeun roda sajarah (sastra) nu muter atung énéh-atung énéh jiga ‘Ranté Peuting’ sajakna Rizal. Sawidak taun ka hareup mah boa anak incu tokoh utama urang téh nuluykeun kabiasaan baluweng kalantang kulinting néangan titincakan, néangan sumber inspirasi, néangan titiron, noongan karangan jaman ayeuna maké kéhkeran nu dibalikeun lénsana, bari sukuna ngarandeg teu ingkah da puguh kukulintingan néangan kénéh. Pamustunganana, tokoh utama urang téh boa sarua kawas jalma-jalma édan éling dina kapal nu ngangkleung tengah sagara téa, salilana néangan tempat balabuh.
Tapi sing percaya kétang, sagala rupa ogé aya papasanganana. Aya beurang aya peuting, aya édan aya éling. Da mun seug dipikir-pikir mah, mending kaédanan tuluy édan batan éling bari teu éling-éling, karuhan can bisa ari kudu édan bari éling mah.
Tuturus, 2007
Tidak ada komentar:
Posting Komentar