Ku Ade Suarsa
Karya Sastra naon baé wanguna, iraha baé nyieunna, tangtu moal leupas tina pangalaman mikir nu nyieunna. Mimitina ide nu ngancik dina uteuk, satuluyna éta ide téh diungkarakeun ngaliwatan hiji média (tulisan atawa lisan) atuh saterusna ngaliwatan hiji prosés kreatip nu ku parapangarang mindeng disebut “Nulis”, nya tungtungna mah ngajungkiring mangrupa hiji karya sastra.
Tujuanana nulis loba nu nyebutkeun pikeun ngébréhkeun hiji kereteg haté nu keur karasa ku jinisna. Nu geuleuh, nu tresna, nu katalangsara, jeung nu...nu...deuina ngahaja ditepikeun dina hiji karya. Ceuk sakaol, asa bagja karasana lamun eusining mamaras bisa katepikeun/kaungkapkeun, najan can meunang pamuji ti nu lian. Dina jadina baé gé jadi hiji karya manéhna geus boga kabungah nu taya hinggana, mana komo nepi ka bisa dibaca ku balaréa. Bungahna teu katulungan. Tujuan lian tina nulis nu ogé diagem ku sababaraha pangarang nya éta tujuan pragmatis. Salian ti mangrupa ekspresi dirina, nulis ogé mindeng dilakukeun pikeun néang pangupa jiwa; finansial, materi, banda, duit atuh! Malah teu saeutik pangarang nu nepi ka bau taneuhna hirup tina hasil nulis.
Rék ukur mang-rupa ekspresi atawa dibarengan ku nyiar eusi beuteung, hasil tulisan (karya) téh tangtu hayang dipikanyaho ku batur. Ngarah naon? Sangkan kakoncara moal salah, supaya meunang keur jajan bisa jadi. Pasualanana, karya nu geus dijieun, hasil mikir béak karep nepi ka ngabéakeun kopi jeung roko (nu osok) sababaraha bungkus – mun bungkusan meulina, mawa
idiologi nu nulisna, ngukundang tujuan tulisanna bisa baé ngadadak jadi bangké.
Palastra teu puguh alatan. Nu ngabebengkang dina tumpukan keretas teu kapaké, nu minuhan kapasitas hard disk computer séwang-séwanganana. Nya didieu pisan hiji karya bisa nga-laman ‘mulih ka jati mulang ka asal’, jadi koleksi pribadi nu taya hargana dina tetempoan nu lian. Ceuk pikirna mah asa karya panghadéna sakuliah dunya. Cukang palantaranana mah rupa-rupa. Nu aya lain ukur ‘Matinya Sang Pengarang’ tapi ogé ‘Matinya Sebuah Karya’.
Pangarang murni – dina harti jadi pangarangna téh éstu ngababak-babak ti handap mula, henteu ngandelkeun kongkalikong, KKN, jeung sajabana—tangtu bakal ngalaman héséna jadi pangarang. Kadang-kadang sirah dijadikeun sirah, pon kitu deui suku mindeng dijadikeun suku nu sabenerna. Malah teu sa-eutik nu nepi ka pondok pangharepan nganti-nganti karyana dimuat dina rubrik hiji majalah. Teu daék baé dimuat antukna tutup lawang sigotaka.
Keur pangarang munggaran moal kungsi teu manggihan pasualan dina nulis téh. Sakalina boga ide horéam nuliskeunana. Sakalina daék nulis idena teu daék datang. Dina sakalina aya dua-nana tug nepi ka ngajugrug jadi naskah, bet ku hanteu dipulangkeun deui ku nu boga hak nerbitkeun –pangusaha penerbitan, redaktur kasebutna—. Aya sababaraha pihak nu nyababkeun hiji karya nepi ka palastra. Ieu mah lain ceuk pamanggih tokoh kasohor, tapi éstu babalédogan nu nulisna. Sugan jeung sugan nélé kana nu dituju, atuh dina teu néléna heug urang téang babarengan. Nu dimaksud téh; pang pentingna utamana, diantarana baé:
1. Alloh Swt.
Husus keur nu percaya baé ieu mah. Nu teu percaya mah wayahna. Ngan peupeujeuh ulah rék nyalahkeun Mantenna. Nu percaya mah Alloh téh mibanda kakuatan nu luar biasa. Taya nu mampuh ngahalangan kahayangna. Najan sakumaha hadéna karya mun ceuk ieu kakuatan teu
dimuat, tangtu moal dimuat. Manéhna nu boga kawasa sagalana, Manéhna nu nyekel kaputusan ngeunaan hiji perkara. I Miss You-na Godi Suwarna atawa Heulang-na Iday moal kungsi jadi karya nu dipikawanoh ku balaréa. Pon kitu deui Shakespeare, O’ Henry, Pramoedya, Dewi Lestari, atawa Aditia Gunawan sekalipun moal ieuh aya nu apaleun ka jinisna lamun –sakali deui—taya idin ti Mantenna. Sagalana aya dina panyekel-Na, sagalana aya dina kawijakan-Na, Manéhna mibanda hak veto sagemblengna, Manéhanana ogé nu boga sagalana. Nu matak ulah adigung, gedé hulu, mana komo nepi ka kokotak mah, nalika karyana aya nu daék ngamuat. Mun mah sadar, hakékatna aya nu nangtukeun. Heug wé nu rék nyawad mah –utamana nu teu percaya ka Alloh. Poma sakali deui ulah rék micua Anjeuna. Sing inget kana papastén.
2. Redaktur
Najan teu saratus persen, manéhna boga kakawasaan nu kawilang gedé dina nangtukeun karya mana nu baris dimuat. Hadé jeung goréngna, dimuat henteuna hiji karya ditangtukeun dumasar kabeukina, idiologina, visi jeung misi majalahna, jeung segmentasi pasarna. Najan hadé, najan mundel, pinuh ku pulunganeun, tapi mun teu laku dijual mah, pamacana diperkirakeun moal raresepeun tangtu bakal ditolak; diuihkeun deui ka nu gaduhna bareng jeung implik-implik; wayahna nya Cu! Nu matak nu boga kawawuhan atawa sadulur nu cekel gawé dihiji majalah mah
teu hésé, komo lamun indung atawa bapana jadi redaktur mah. Malah di hiji surat kabar poéan – berbahasa Indonesia- panggedéna di Jawa Barat mindeng ngamuat karyana Sang Redaktur najan sakitu ayana, sakitu – punten — awonna. Jadi jelas kongkalikong jeung KKN téh lain ukur di tataran kanagaraan hungkul, tapi ogé dina widang tulas-tulis. Nu sok kongkalikong mah keun baé, da hiji waktu gé aya nu bakal ngabuktikeun kaabsahanana nulis. Nu sanggup ngalawanna tinangtu gagah hasilna, siga Iday meureunan. Sababaraha kali ngirimkeun naskah ka hiji majalah teu daék baé ditarima/dimuat, dina sakalina pindah ka majalah séjén naskahna téh langsung baé dimuat, nepi ka jadina. Malah nepi ka nganadzaran sagala. Ti dieu urang kudu mampuh maca kahayang redaktur. Karya nu kumaha nu diperlukeun ku majalah tujuan urang. Karakter majalahna ogé kudu nepi kapaluruh, ulah salah kirim. Misalna baé karya nu filsapat abis bet dikirimkeun ka majalah rumaja, atuh moal ditarima. Idealisme memang perlu, tapi urang ogé perlu maca kaayaan. Geus jadi mah rék mamawa idealisme mana baé gé teu susah.
3. Pangarang
Lain teuing sagalana kasalahan Alloh atawa redaktur, tapi kasalahan nu ngarangna sora-ngan. Ari ide mah memang good, tapi éta teknikna boa nu kirang saé téh. Aya ogé nu teknikna hade tapi idena nu teu sabaraha; uyuhan anu kieu mah bisa kénéh meunang harga. Tong nyalahkeun sasaha lamun karya sorangan teu daék baé dimuat. Geura ngarumas kana diri, geura oméan kaparigelan nulis, nu ulah téh pegat pangharepan, da najan kumaha baé gé nulis téh hiji kabiasaan jalma intelék. Ulah ogé mun nepi kagégéloan alatan mikiran nasib nya diri. Lobana latihan bisa ngarobah karakter tulisan, lobana ngobrol jeung papada nu resep nulis ogé bisa ngarobah tulisan, lobana maca karya sastra lian pon kitu deui bisa mangaruhan tulisan urang, jadi aya prosés nu kudu dilakonan ku nu hayang bisa nulis.
4. Makelar
Maksud téh jalma atawa instansi nu katitipan naskah anteurkeuneun ka rédaktur. Misalna baé nitipkeun naskah ka babaturan nu kabeneran rék ulin ka majalah nu dimaksud, atawa ngirimkeun naskah ngaliwatan jasa penitipan; via pos misalna, atawa ngirimkeun ngaliwatan média éléktronik; e-mail contona. Bisa jadi babaturan nu katitipan naskah pohoeun, teu kabawa, atawa bisa jadi manéhanana sieun kaéléhkeun nalika maca karya urang leuwih hadé ti nu manéhna. Si Bapa pos ogé bisa jadi kaliwat, kaselipkeun dina tumpukan surat séjén nepi ka karék kapanggih sababaraha minggu ka hareup. Bisa ogé alamatna salah nulis, teu maké kode pos, nomer kantor rédaksina salah, atawa bisa ogé Pa posna téh geuleuh pédah duit honor digawéna can dibayar. Mun ngaliwatan e-mail aya deui baé résikona téh. Boa satelitna keur gangguan, dina nepina aya sababaraha baris tulisan nu leungit, internét gé jijieunan jelema, aya salahna. Solusina percaya mah kudu ka sorangan. Sorangan nu nangtukeun jalan, nya sorangan nu kudu ngalakonan. Mun rék ngirimkeun naskah, kirimkeun wé sorangan.
Pungkasing carita; nulis, nulis, jeung nulis. Ditarima henteuna pasti aya tungtungna. Alloh gé boga rasa karunya, redaktur gé manusa, makelar ogé teu salilana ngalakukeun salah. Aya proses nu kudu dihargaan, diliwatan, ditarékahan. Intina; nulis, nulis, jeung nulis! Cag ah!
Ade Suarsa teh mahasiswa Alumni Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. Resep nulis ti kelas hiji SD. Kungsi jadi Redaktur TURUS, Media Mahasiswa Basa Sunda.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar