Dalah kudu murugul gunung nu ngajaul luhur
Nunjul langit paul ngapak mega malang
Hamo burung ditedunan
Da salira …
Nu nyaliara dina unggal lolongkrang dada
Sumalindung dina unggal lulurung kalbu
Da salira …
Nu mitapak lebak raga
Nampingan galengan rasa
Da salira …
Nu mipit kholdi ati
Ngancik na sanubari
2005
Tidak ada komentar:
Posting Komentar