muga anjeun salawasna satia di langit kuring
najan sakedapan mindeng nyumput dina imut méga peuting
tapi teteg kuring yakin, mun seug hiji mangsa anjeun nyangkem ringkang balébat
moal pakeun kulambu ranjang na poé papanganténan
teu kedah ringrang nganti kujang papasangan
pédah langit ngariwan caang, anjeun malih pikir néang pahateupan
sing sabar wanci mah geus pasti datang ngadongkang
saheulaanan anjeun solat ulah ébat, ngarah guluburna katumbiri
warna-warni siang jeung wengi.
2007
Tidak ada komentar:
Posting Komentar