Senin, 18 Mei 2009
Seminar Pendidikan: “Implikasi Kawijakan Anggaran Pendidikan 20% Kana Ajen Jeung Layanan Pendidikan”
Saptu anu anyar kaliwat tempatna di aula Disdik Prov. Jabar, Jln. Dr. Rajiman 6 Bandung, lumangsung ceramah ti Mendiknas, Prof. DR. Bambang Soedibyo, MBA kalawan judul “Implikasi Kebijakan Anggaran Pendidikan 20 % terhadap Mutu & Pelayanan Pendidikan”. Ieu ceramah anu moderatorna Drs. Ahmad Adib Zain, Wakil Ketua Komisi A DPRD Jabar, oge diluuhan ku Prof. Dr. H. Moh. Surya, Ketua PGRI Pusat, dihadiran oge ku Sekjen PMPTK (Peningkatan Mutu Pendidik dan Tenaga Kependidikan) Depdiknas, jeung dimimitian ku pidato sambutan ti Wagub Jabar, Dede Macan Yusuf Efendi.
Wajib belajar gratis geus dimimitian ti semester II taun 2006 waktu pamarentah ngawawuhkeun program BOS. Jadi BOS minangka rintisan pendidikan wajib diajar gratis taun ajaran 2006-2007-2008 pikeun mantuan siswa ti kulawarga miskin. Nyatana BOS geus hasil ngabebaskeun 70 % siswa SD, MI, SMP, MTs boh negeri atawa swasta. Saterusna pamarentah jeung DPR saluyu pikeun ningkatkeun dana BOS taun 2009. Dana BOS ditaekkeun 50 %. Dana BOS buku digabungkeun jeung BOS siswa, nepi ka sanggeus naek 50 % ditambah BOS buku, biaya BOS pikeun SD/MI Kota jadi Rp. 400.000,-/siswa sedengkeun SMP/MTs Rp.500.000,-/siswa.
Dina waktu anu sarua pamarentah ningkatkeun kasejahteraan guru PNS. Ieu teh jangji Presiden yen guru PNS pangkat panghandapna masa kerja 0 taun paling saeutik gajihna kudu Rp.2.000.000,- diitung ti mimiti gawe. Mimiti januari taun ieu jangji presiden kudu geus dilaksanakeun ku menteri keuangan. Jadi kalawan dasar eta dana BOS ditaekkeun 50 % nurutkeun perhitungan pamarentah pusat jeung DPR pikeun taun ieu dicoba pikeun SD,MI, SMP, MTs negeri. Lamun dirasa masih kurang kudu ditambahan ku Pamarentah Daerah, nya pamarentah daerah kudu nutupan kakuranganana anu teu pati gede. Saterusna pikeun ningkatkeun deui wajar gratis pamarentah provinsi jeung kota dipiharep nambahan dana BOS ngaliwatan Perda disaluyukeun jeung kamampuh kauangan masing-masing. Perlu oge aturan anu leuwih jentre ngeunaan wajar gratis teh, lain gratis sakabehna.
Sanksi pikeun anu ngalanggar aturan, anu dipigawe ku patugas ti Dinas Pendidikan, Kapala Sakola, Penilik/Pengawas, atawa guru. Lamun ngalanggar aturan pidana, urusanana jeung polisi. Jadi diperedih sangkan kapala sakola jeung guru bener-bener ngalaksanakeun palaturan ngeunaan BOS boh nu datangna ti Pusat atawa Provinsi/Kota/Kabupaten.
Mendiknas mindeng meunang beja ngeunaan kasieun kapala sakola narima sumbangan ti kolot siswa. “Rek disumbang, naha make sieun narima?” Lebah dieu inyana nandeskeun, mungut hukumna haram, sedengkeun narima sumbangan hukumna sunnah muakad. Kapala sakola anu hade pasti tumut kana palaturan sarta henteu ngayakeun pungutan, kitu deui komite sakola. Tapi dina waktu anu sarua kudu proaktif neangan sumbangan. Lantaran sumbangan hukumna sunah, pujieun sawatara mungut hukumna haram. Jadi lamun aya nu mere sumbangan, nya ditarima bae. Naon bedana pungutan jeung sumbangan? Ari pungutan gedena jeung iraha mayarna ditangtukeun ku kapala sakola atawa komite, sedengkeun sumbangan mah boh gedena jeung iraha mayarna ditangtukeun ku anu nyumbang. “Lamun sumbangan henteu ditarima, eta kapala sakola munafik jeung dipastikeun asup naraka. Sedengkeun kapala sakola anu narima sumbangan bakal asup sorga”, kitu cek Mendiknas.
Kapala sakola kiwari kudu ngabogaan elmu mingpin, jadi manajer kauangan anu hade, sarta taat kana undang-undang, mampuh neangan dana pikeun kasejahteraan, lain maksa. Salah kacida lamun sumbangan ditolak. Jadi ku cara ieu wajib diajar gratis, kapala sakola ulah deui-deui sieun neangan sumbangan tapi ulah make cara nyingsieunan.
Program buku murah nya eta program pamarentah pusat waktu meuli hak cipta buku-buku teks pangajaran anu hade mutuna, anu geus diaji ku Badan Standar Nasional Pendidikan minangka bahan ajar atawa teks pangajaran anu cukup hade kualitasna. Eta teh dipilih ti taun 2006 nepi ka taun 2008, geus bisa kabeuli hak ciptana awal 2009 aya 600 judul. Jadi saha bae bisa ngagandakeun, nerbitkeun jeung ngadagangkeunana asal bae hargana henteu ngaliwatan harga nu pangluhurna, hadena mah sapertiluna tina harga pasar.
Buku anu tina BOS buku disimpen di perpustakaan sakola. Jumlah bukuna luyu jeung jumlah murid cukup pikeun 1 semester. Jadi murid meunang nginjeum salila 1 semester sarta dipulangkeun deui ka perpustakaan sakola sanggeus dibaca. Pamarentah pusat mayar sapertiluna tina harga buku, kakuranganana ti pamarentah daerah.
Sakola kiwari loba anu ruksak. Komo di Jawa Barat mah nepi ka aya nu disebut situs sakola, nya eta sakola geus jadi situs, pantesna mah meureun asup ka Depbudpar, lain Depdiknas.
Ngeunaan Undang Undang Guru, Mendiknas nyaritakeun sajarahna kalawan gemet. Tanggal 25 Nopember 2004 Prof. Surya, Ketua PGRI Pusat nemonan Mendiknas menta dukungan sangkan Presiden bisa sumping . ieu momentum hade pisan. Lamun Presiden bisa ngaluuhan Ulang Taun PGRI tuluy ngadeklarasikeun guru minangka profesi. Sabab lamun presiden geus ngadeklarasikeun guru sabage profesi, bakal ngabogaan justifikasi politik, boga basis politik pikeun nyusun RUU Guru anu ngatur guru sabage hiji profesi. Lamun geus jentre kitu, kualifikasina oge kudu ditingkatkeun sangkan nyumponan syarat profesi. Mutuna, potensina kudu nyumponan persyaratan profesi. Jadi aya alesan pikeun ningkatkeun kasejahteraan guru sangkan layak sakumaha profesi-profesi sejen, kayaning: dokter, akuntan, apoteker, psikolog, notaris, pengacara. Sakabehna merlukeun pendidikan sarjana (S.1) ditambah pendidikan profesi.
Presiden kersa sumping dina acara mieling Hari Guru tapi dina tanggal 2 Desember 2004 sarta bener-bener ngadeklarasikeun guru sabage profesi hareupeun 10.000 anggota PGRI di Istora Senayan!
Kalawan bekel eta deklarasi Mendiknas, Ketua PGRI jeung Sekjen PGRI nyusun RUU Guru sarta ngawangun Dirjen PMPTK (Peningkatan Mutu Pendidik dan Tenaga Kependidikan). Rupana bae DPR leuwih lincah, RUU anu dijieun ku Mendiknas jeung PGRI teh ditambahan ku DPR jadi RUU Guru dan Dosen sarta dina waktu sataun geus jadi “Undang Undang Guru dan Dosen”. Nya eta dina taun 2005, da sabenerna mah geus dirarancang ti taun 2003 keneh lantaran mangrupa amanat ti Undang Undang Sisdiknas taun 2003. malahan kiwari geus aya UU ngeunaan BHP (Badan Hukum Pendidikan).
Substansina yen guru sabage hiji profesi, kualifikasina kudu S.1 jeung perlu ayana sertifikasi minimal 1 semester pikeun guru SD-TK jeung 1 taun pikeun guru SMP-SMA pikeun anu nyumponan sertifikasi tangtu bae aya kanaekan tunjangan fungsional. Pikeun miara kaprofesionalan dibere pendidikan sertifikasi anu sinambung.
PP (Peraturan Pamarentah) ngeunaan guru terbitna taun 2008 sedengkeun sertifikasi dilaksanakeun make dasar Permen (Peraturan Menteri). Pikeun guru anu umurna leuwih ti 50 taun jeung masa kerjana 20 taun bisa milu sertifikasi teu kudu boga ijasah S.1, sedengkeun dana bisa dialokasikeun ku Pemda Kota/Kab.
Ngeunaan GTT disebutkeun ku Menteri yen reana GTT memang hese pikeun dibeberesna. Lamun hiji kabupaten ngadegkeun SMP gratis tangtu henteu bisa langsung dieusian ku guru PNS. Kitu deui lamun guru PNS pangsiun atawa maot, henteu bisa langsung ngangkat PNS anyar. Hiji-hijina jalan tangtu dieusianana ku GTT. Jadi kudu aya Palaturan Pamarentah anu ngatur cara ngarekrut GTT. Saha anu boga wewenang ngangkat GTT naha Kadis, Kapala Sakola, Guru atawa dirina sorangan? Naon tugas, hak jeung tanggung jawabna, sarta kasejahteraan minimal GTT. Lamun GTT diangkat ku Yayasan tangtu kudu diatur sumbangan ti Pemkot, Pemprov, Pempus sangkan aya kasejahteraan minimal GTT.
Ngeunaan pengangkatan CPNS ti GTT, ditandeskeun ku Menteri, yen jadi PNS teh hak sakabeh warganagara. Pamarentah henteu bisa khusus narima CPNS guru ti GTT bari ngaleungitkeun hak warganagara sejenna. Jadi panarimaan CPNS dibuka tanpa diskriminasi, saha bae bisa jadi PNS. Hal ieu dicaritakeun lantaran rea beja anu nyebutkeun yen aya GTT anu sababaraha kali tes CPNS teu lulus-lulus. Palebah dieu Menteri ngan nandeskeun ngeunaan kapastian pikeun kasejahteraan GTT. Sual panarimaan PNS mah, GTT oge kudu milu tes deui.
Prof. Surya dina biantarana ngacungkeun jempol ka Mendiknas anu tanggap kana usul-usul jeung saran ti PGRI. Waktu nyusun RUU Guru oge Menteri babarengan jeung PGRI nitenan permasalahan nepi ka bubuk leutikna. “Bulan eta keneh geus jadi sarta dipasrahkeun ka DPR, sarta sataun ti harita jadi Undang-Undang”, kitu cenah. Sakabeh aspirasi ditarima ku Menteri. Ieu teh mangrupa inovasi ti departemen pendidikan. Anu paling monumental nya eta golna anggaran pendidikan 20 % tina APBN nepi ka guru anu golongan II gajihna paling saeutik Rp.2 juta. “Padahal ari kiwari mah geus teu aya guru anu pangkatna golongan II. Rereana geus golongan III”, cek Surya.
Dina acara tanya jawab dipiharep ku para peserta sangkan naon-naon anu dijangjikeun ku pamarentah pusat teh gancang ngawujud. Pikeun pamarentah Daerah anu diwakilan ku Wagub, diperedih sangkan program peningkatan basa jeung budaya Sunda bener-bener bisa ngawujud. Basa jeung budaya Sunda kudu diutamakeun di Jawa Barat. Malahan dina eta kasempetan Mendiknas miharep oge para guru ulah ngamomorekeun basa jeung budaya Sunda. “Basa jeung budaya Sunda teh tanggung jawab para guru. Lamun nepi ka basa jeung budaya Sunda leungit, hartina guru anu salah. Diperedih sangkan guru-guru milu miara basa jeung budaya Sunda”, kitu cek Menteri. (Djodi).sumber : http://www.salaka.net/news/322/15
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar