ADAT ISTIADAT DINA NGAJURU DI TATAR PASUNDAN
A. Adat Anu Keur Reuneuh
Geus jadi kabiasaan di tatar sunda anu masih keneh nyepeng pageuh kana adat istiadat, saupama pamajikan jeung salaki anu dimana salaki ngarasa teu ngareunah awak jeung kahayangna teh daharna anu hasem-hasem utamana buah-buahan. Hal ieu aya tanda-tanda wirehna eta teh pamajikanana bakal reuneuh, kusabab kitu kajadian eta teh disebutna nyiram. Nyiram anu dialaman ku salakina teh kira-kira kana opat puluh poena. Satuluyna pamajikan bakal eureun karesebanana salila tilu bulan, lamun dua bulan mah eta can ka asup arek aya tanda-tanda reuneuh.
Sabada tilu bulan eureun tina kareseban bisa ka asup eta jalma keur nyiram. Nyiram asal muasalna tina ucapan nyiram pepelakan, maksud nyiram pepelakan sangkan eta pepelakan bisa lendo. Kaalaman nalika manehna keur nyiram awak bakal karasa laleuleus, sirah rariuet, gede ambek jeung loba anu dipikahayangna. Dina hal ieu salaki atawa kulawargana kudu bisa narima, sabar tur ngungkulan kana pasualan-pasualan anu bakal disanghareupan. Kulantaran eta nalika pamajikan ngarasa bendu kanu jadi salaki atawa ka kulawarga anu lian salaki kudu bisa ngama'lumna.
Pakakas anu sok dipake sapopoe samodel mutu jeung nu lianna kudu disumputkeun jeung dijauhkeun salian ti eta oge ningali anu keur gering, ziarah ka makam, ngalayat jelema anu maot jeung ningali sabangsaning sasatoan samodel monyat, lutung jeung si amang eta ulah pisan.
Palasipah ngeunaan larangan eta wirehna sabangsaning anu ditingali tur anu dilakukeun ku jelema anu keur nyiram bakal ngabalukarkeun nurut-buat artina lumaku anu geus dilakukeunana. Nalika jelema nu keur nyiram hayang anu dipikahayangna kudu ditedunan harita oge ulah diengke-engke bisi matak ngacay.
Nalika reuneuh geus tilu bulan nyieun bubur beureum jeung bodas. Palasipah anu nyangkaruk dina bubur beureum ngalambangkeun hawa napsu awewe ari palasipah bubur bodas ngalambangekun hawa nafsu lalaki. Sabab jadina anak teh bakal aya dua rupa hawa nafsu, kukituna neda piduana sangkan budakna teh dina jero beuteung bisa berkah tur salamet.
Nalika nincak kana opat bulanna sok diayakeun acara ketupat, tepat jeung tang-tang angin jeung teu meunang ngayakeun acara sadekahan.
Nalika nincak kana lima bulanna diayakeun kagiatan sadekah gabah atawa bangsal anu di tendeun dina jero bokor jeung ditutupan ku daun waluh. Palakiah dina eta hal miboga lambang sangkan musibah anu bakal datang henteu ka alaman. Salian acara kagiatan bangsal sok diayakeun nasi tumpeng jeung nasi uduk anu dijerona aya endok.
Nalika genep bulan teu aya kagiatan anu lian, nalika nincakna kana tujuh bulanna kudu pisan diayakeun sadekahan boh eta jalama anu beunghar atawa jelema biasa kudu pisan nyumponan kana eta hal, lamun henteu mampu kudu nyieun bubur bodas jeung bubur beureum pikeun disadekahkeun. Acara dina tujuh bulanan sok disebut acara tingkeban, tebus weteng atawa babarik. Tingkeban artina panutup, jadi lamun dieceskeun mah runtuyan kagiatan sedekah anu pamungkas. Tebus weteng artina mayar budak anu dijero beuteung indungna. Lamun babarik nyaeta babarengan nyalametkeun sangkan anu reuneuh bisa salamet.
Aturan dina acara tingkeban geus matok tur matuh kana katangtuanana biasana sok dilakukeun dina bulan hijriah anu aya tanggal tujuhna nyaeta tanggal 7, tanggal 17, tanggal 27. Anapon anu diperlukeun dina acara tingkeban mangrupa kadaharan samodel hui, bonteng, kacang, endok jeung lauk. Daging sasatoan sabangsaning daging domba, daging sapi jeung daging kerbau teu meunang pikeun acara tingkeban sabab bakal ngabalukarkeun nurutbuat, cacat atawa paehna bakal samodel sato anu geus dipeuncit.
Salain ti eta oge kudu aya serba tujuh nya eta kembang tujuh rupa, mayang pinang, daun andung ( hanjuang ), dau kelewi,daun kemuning, daun waluh gede, daun jawer kotok, daun jaringao, buah kalapa gading anu bisa diukir pikeun nyieun gambar wayang Arjuna atawa Sumbadra. Lamun teu bisa yieun wayang cukup wae nulis ngaran wayang eta.
Salian ti eta kudu aya jarum sakurang-kurangna tujuh anu tujuanna pikeun penyemat daun tempat rujak kanistren, nyaeta rujak anu ditutu rasana hanaut dijieun tina hui, cau ngora, cereme, jamu, balimbing, buah ngora. Salain ti eta oge kudu disadian kain panjang tujuh helai, belut tujuh siki. Elekan nya eta ruas bumbu anu leutik kira-kira sajengkal panjangna tujuh batang, ayakan tina awi tujuh siki, jeung nyadikaun pariuk paranti nyangu jeung cai atah anu dijero kendi. Anapaon dina prak-parakan pikeun mere sedekah dina jam tujuhan isuk-isuk atwa burit. Waktu pikeun sadekah kudu disadiakeun wadah cai anu gede di tendeun tujuh rupa kembang, dadaunan tujuh rupa, belut jeung rujak anu geus disadiakaeun tadi.
Geus sadia anu sagalarupa sarat pikeun acara tingkeban, masyarakat di ulem pikeun acara tingkeban, masyarakat anu ngahadiran ngaduakeun pikeun kasalamaten anu keur reuneuh sangkan bisa dilungsur langsarkeun dina ngajuru. Nalika rengse ngalaksanakeun acara tingkeban masyrakat anu ilubiung kana eta acara teu meunang balik saacan beres acara tur kudu kaluar anu geus disadiakaeun teu meunang kaluar tinu asup. Palasipah eta wirehna anu arek ngajuru teh bisa lungsur langsar tur bisa salamet. Salian ti eta oge runtuyan acara tingkeban teh mandian anu keur reuneh make kembang tujuh rupa anu miboga lambang atawa ma'na nya eta hirup, kakuatan, ningalina, ngadengena, nyaritana, perasaana jeung kahayangna.
Nalika nincak kana dalapan bulan teu aya kagiatan sedekah tapi diayakeun dina waktu nincak kasalapan bulan nyaeta ngayakeun acara sedekah bubur lolos nya eta bubur tepung anu dibungkus ku daun cau. Palasipah anu aya dina kagiatan eta sangkan lungsur-langsar nalika ngajuru.
Nalika nincak kana salapan bulan para sepuhna atawa salakina nyiapkeun mangrupa-rupa dadaunan atawa bebetian pikeun mersiapkeun nyanghareupan ngajuru anapon dadaunan anu diperlukeun nya eta pucuk daun singungu, daun teater, daun kemuning, daun ganas, pucuk daun awi tali, daun kahitutan, daun bau, daun sembung, daun jawer kotok, daun galing, daun urang-aring, sereh, daun tarawes jeung daun tilem. anu mangrupa bebetian nyaeta koneng santen,koneng gede, koneng temen, koneng hideung, koneng djoho, koneng bodas, lampuyang, laja, kunyit, panglay, katumbar jeung bawang bodas. Anu mangrupa akar-akaran nyaeta akar bawang putih, akar carulang, akar teter, akar kanjere, akar tapak liman, akar kiambang jeung akar dadap.
Mangrupa siki-sikian nyaeta siki jaat, peundeuy, beas ketan hideung, beas ketan beureum, pala cengkeh, rejek, djamuju, santen, rinu, mata hiang, ketumbar, tampar hantu.
Mangrupa kulit tanggkal nya eta tangkal sintok, pucuk masoji, kayu manis. salian ti eta oge pikeun nolak iblis anu sok remen ngaganggu samodel kuntilanak kudu nyadiakeun panglay jaringao, daun salam jeung jukut palias anu di gantungkeun dina tempat anu ngajuru.
Dina runtuyan kagiatan anu reuneuh anu sok dilakukaeun unggal bulan miboga ma'na jeung salian ti eta oge aya sababaraha palasipah tina unggal bulan nyaeta :
Bulan ka hiji disebut ngaherang nyaeta ngajadikeun suci atawa beresih dina basa agama nya eta alkah
Bulan kadua lumenggang nyaeta menjadi kental dina basa agama kasapah
Bulan katilu disebut kumambang dina basa agama mutpah.
Dina bulan ka opat gumulung nya eta ngajadikeun hiji dina basa agama amarullah.
Dina bulan kalima disebut mangrupa sabab dina bulan eta geus ngajadi mangrupa jelema.
Bulan ka genep disebut usik dina basa agama ahmad.
Dina bulan ka tujuh disebut malik artina geus sampurna anu ngawujud manusa jeung geus bisa gerak dina basa agama muhamad.
Dina bulan kadalapan disebut kumentar-mentir artina geus bisa neangan jalan kaluar dina basa agama muhammad.
Dina bulan kasalapan disebut ngaruangruang artina geus aya jalan pikeun kaluar tinggal nungguan waktuna kaluar dina basa agama Muhamad.
Akhir bulan kasalapan atawa bulan kasapuluh, kaluar anak eta sok desbut ngaran Rasulloh jeung kolot beheula.
Pamali anu nyampak nalika keur reuneuh nya eta :
Teu meunang sare dimana wae jeng teu meunang make bantal sabab bakal ngabalukarkeun hese nalika baris ngajuru.
Teu meunang ngdahar tutut bisi tunduh dina ngajuru.
Teu menunang diuk nangunjar bisi engke ngajuru eta orak suku tiheula
Teu meunang diuk dina hareupeun panto bisi hese ngajuru
Teu meunang diuk dina kulit domba, sapi, kerbau atawa diuk dina taneh teu make samak sabab bisa ngaluarkeun darah saacan ngajuru
Teu meunang mandi make raksukan baseh sabab bisi ngadatangkeun panayakit anu ngaluarkeun cai nalika ngajuru .
Teu meunang ngadahar telor kulub sabab anakna engke bisi bisul dina sirahna.
Teu meunang ngadahar ganas sabab bakal ngadatangkeun payakit atel dina pipina
Teu meunang ngadahar salak sabab engke bakal ngadangkeun panyakit koreng dina sirahna
Teu meunang ngasaan sayuran dina sendok bisi engke anakna goreng rupa.
Teu meunang nagkarak sabab bakal ngabalukarkeun engke budakna di lahirkeun dina kaayaan nagkarak
Teu meunang dahar belut engke bisi budakna ulin wae
Teu meunang dahar kapiting jeung lele bakal ngabalukarkeun anakna bertabiat harak
Teu meunang sare tibeurang bakal ngabalukarkeun engke ngajuru dina kayaan kotor
Teu meunang ningali anu maot bakal ngabalukarkeun budakna miboga rupa pucat jiga bangke
Teu meunang dahar anu lada-lada sabab ngbalukarkeun penyakit hese micen kokotor
Teu meunang dahar waluh sabab engke bisi gendut beutengna
Teu meunang nendeun gulungan samak sabab bakal di deukeutan ku kuntilanak
Teu meunang mawa botol dijingjing sabab bakal ngabalukarkeun sirahna leutik
Teu meunang dahar udang sabab bakal hese nalika ngajur.
B. Adat Dina Waktu Ngajuru
Lilana jalama anu reuneuh waktuna salapan bulan sapuluh poe anu dikawitan tina nyiram dugi ka waktuna ngajuru. Aya istilah ngaruang nya eta tanda arek ngajuru anu dimana beuteung karasa murilit jeung awak teu garareunah. Nalika kajadian eta datang didatangkeun paraji atawa Indung beurang. Istilah paraji miboga harti nya eta tukang atawa ahli dina ngurus anu arek ngajuru.
Nalika prak-prakan paraji biasana sok mawa kandjut kunang anu dijerona kunyit, bangle, djaringao, tali putih jeung peso. Aya palakiah kagiatan nalika baris ngajuru supaya lungsur langsar nyaeta:
Salakina kudu ngalungkeun endok tina arah sirah kana sukuna pamajikanana.
Nyieun djaropi anu ngagunakeun gayung anu disemburkeun kana emun-emun diterukeun kana puser beuteunga anu arek ngajuru bari ngalengkahan tur ngalungkeun gayung bari ngucapkeun "Hayu geuwat geura tuturkeun Bapa "
Nendeun keris borodjol tujuanna sangkan bisa kaluar ngaborojol samodel keris eta.
Nalika arek ngajurudina waktu peuting sangkan eweuh anu ngaganggu kanu arek ngajuru biasana salakina tataranjang tujuanna pikeun ngusir kuntilanak.
Dina prakna ngajuru lamun hese biasana eta ngajuru teh dititah diuk jongkok, diuk nangunjar, maksudna pikeun ngungkulan kana hesena ngajuru. Pikeun mikayaho kana waktu arek ngajuru biasa sok ngeueuman jukut fatimah anu ditendeun dina jawan eta maksudna sangkan bisa katingali anu dimana jukut fatimah ngarekah yen eta deuket kana arek ngajuru sabalikna lamun eta jukut teu ngarekah can bisa ditangtukeun iraha ngajuruna.
Waktu dina arek ngajuru teh 2 atawa 3 poe dina waktu eta biasana bakal kaluar cai kakawahan tur dibarengan kaluarna orok. Kaluarna orok anu salamet biasana sok diteundeun dina nyiru tur dibulenan ku calana bapana anu beresih palakiah eta teh sangkan engke budak engges gede henteu kadatangan ku mangrupa panyakit. Paraji biasana ngurus heula orok geus beres eta orok kakara diteruskeun ngurus indungna. Aya sabaraha kapercayaan ngeunaan waktu-waktu ngajuru nyaeta :
Poe ganjil eta biasana kudu kaalaman ku orok lalaki anu dimana tanggal 1,3,5,7 jeung waktuna 1,3,5,7
Orok anu dilahirkeun dina waktu beurang eta orok teh bakal beurangan, sabalikna orok eta dilahirkeun dina mangsa tipeuting eta orok teh bakal wanian
Orok dilahirkeun dina mangsa tengah beurang jeung tengah peuting eta orok bakal hese meunangkeun jodo, sabalikna poe isuk-isuk atawa peuting bakal gampang meunangkeun jodo.
Aya sababaraha pantangan anu geus ngajuru salila tilu bulan nyaeta :
Teu meunang ngadahar anu digoreng-goreng
Teu meunang ngadahar endok
Teu meunang ngadahar waluh gede sangkan henteu gede beuteungna jiga anu keur hamil
Teu meunang ngadahar cau
Teu meunang ngadahar anu hasem-hasem, sabab bakal tereh hamil deui
Teu meunang ngoyagkeun tilam orok sabab orok bakal ngarasa nyeri sirah atawa bakal datangna panyakit.
C. Adat Saenggeus Ngajuru
Saenggeus tilu atawa dalapan poe puserna geus coplok biasana sok diayakeun salametan bubur bodas jeung bubur beureum bari mere ngaran ka orok anu ku Indung Bapana dibere ngaran panghadena. Jelama anu cicingna di kampung biasana eta orok teh sok diaranan tina basa sunda nyaeta Misnem, Djakem, Usmin, Usri jeung nu lianna. Jalma anu tumut kana papagon agama biasana sok make ngaran anu ngaharib-harib kana agama Islam nyaeta Abdullah, Muhammad, Ali, Musa Yusuf. Dina mangsa agama hindu sok make ngaran Surya, Marta, Supria jeung Citra. Dina mangsa jaman Walanda biasana sok diaranan Edi, Hari, Herman, Anie, Jetty jeung Netty
Aya sababraha kapercayaan ngeunaan kana ngaran nya eta :
Nalika anu ngajuru tur orokna maot wae eta budak teh kudu diaranan Runtah, Kadut jeung Sarah
Nalika orok dilahirkeun dina mangsa safar eta orok sok panyakit sasapareun ( gede ambek ) eta orok kudu dibere ngaran Lele, Betok jeung Bulus, tujuanna sangkan eta orok teh bisa miboga kasabaran. Ngaran-ngaran eta bisa diganti nalika eta orok teh geus gede anu disebut tea "Neneh"
Salila puser ari-ari orok eta can leupas biasana anu ngurus eta orok teh paraji lamun geus leupas kakara anu ngurus eta orok teh Indung Bapana atawa kulawargana. Saenggeus ari-arina atawa puserna geus coplok eta orok teh di mandian dua kali sapoe jeung make bedak ku ubar sasawaneun ( bura beuweung ) anu geus disadiakeun dina mangsa reuneh salapan bulan. Maksud dibeudakan eta teh orok henteu bau. Kira-kira dina umur 15 poe di mandian make daun bayang jeung dahan dadap atawa tjangkring anu geus garing, tujuanna sangkan bulu miang gugur jeung ngalembutkeun kulitna. Dina bobogaan awewe orok eta biasana sok make jawer kotok tujuanna sangkan budak eta henteu boga panyakit kulit jeung henteu ngaluarkeun kokotor anu matak ngadatangkeun payakit gecet.
Jalma anu geus ngajuru teu meunang nginum cai atah sabab bakal ngabalukarkeun orokna utah-utahan. Kira-kira tilu peo atawa tujuh poe biasana anu geus ngajuru sok diayakeun ngurut anu dilakukeun saminggu sakali salila opat puluh poe nu diitung tina tujuh poena geus ngajuru.
Aya sababaraha tingkatan ngeunaan karancagean budak nya eta :
Dua bulan nangkarak
Tilu bulan nyangigir
Lima bulan nangkuban
Genep bulan ngangsur
Tujuh bulan lenggong
Dalapan bulan ngarangkak
Salapan bulan diuk
Sapuluh bulan nangtung dibarengan ayana kaluar huntu
Dua belas bulan ngalengkah
Tilu belas bulan leumpang.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar