Surat ti Warga Ika
Majalengka geunjleung, Purwakarta genjlong, Cianjur rada haleumheum. Formasi CPNS guru basa Sunda geus dibuka. Hasilna, jauh tina sangkaan. Formasi nu disadiakeun hususon keur basa Sunda leuwih réa batan formasi dokter umum. Jigana ieu mangrupa tanda yén urang Sunda geus calageur sacara fisik, mung rada ngalanglayung perkara basana.
Ku kituna mah alus Pamaréntah téh, tapi naha ieu téh mangrupa gerakan pahlawan nu kabeurangan kawas film India, Wallahu'alam. Duméh lain ti baheula kikieuan téh. Ayeuna, rampak, sarwa ngadadak. Nu paling diuntungkeun, nya Alumni jurusan Basa Sunda. Lulusan nu mana? Nu baroga Akta IV, nu teu boga, kapaksa kudu nyieun heula, kumaha waé carana.
Balukarna, ku loba-lobana kuota, nu tadina panceg rék cicing di lembur, mimiti ngambeu formasi nu kosong di daerah-daerah potensial. Séwang-séwang boga taktik jeung stratégi, tatahar lir prajurit nu maju jurit.
Ti dieu gunana Ika Sunda 2002 teh, ngumpulkeun data, informasi perkara pengangkatan ti unggal wewengkon, diajar fair légégna mah. Alatan réa nu saguru saélmu nu kalah aing-aingan, papaharé, oportunis. Ukur mikiran kumaha carana uing bisa tembus, paduli jeung nu lian mah, kumaha béhna. Ku kituna, ieu forum silaturahmi teh ulah dugi tiiseun pédah séwang-séwang pada boga hancengan. Komo aya cep Ivan nu tos nyepeng kalungguhan, informasikeun ka Warga kumaha perkembangan lalakon tés CPNS téh. Kumaha di Bandung, Bogor, Bekasi, Ciamis, jsb.
Pemetaan séktoral kacida dibutuhkeunana, ieu kuota mangrupa tantangan ti pamaréntah pikeun UPI, pikeun lulusan Jurusan basa Sunda. Saupama aya hiji wewengkon nu teu minuhan kuota, ku sabab numpuk di Bandung salaku puseur dayeuh, bawirasa Pamarentah nu ngayakeun formasi nu kurang peminatna bisa kapok. Ku kituna, ngeusian kuota di kota-kota nu kurang kapaliré salila ieu kayaning Bekasi, Depok, Cirebon, Bogor, kudu jadi bahan tinimbangan, salian ti wewengkon saperti Ciamis, Tasik, jeung Purwakarta.
Prung ah, urang buka blog ieu jiga kampanye pulitik nu dibarengan ku Analisa-analisa nu mangpaat pikeun kamajuan Guru basa Sunda khususna, ki Sunda pamustunganana mah.
Baktos
-Adit-

Salemba, 14 November 2008
Baktos
-Adit-

Tidak ada komentar:
Posting Komentar