Prof. Dr. H. Yus Rusyana
/. Herkara Basa jeung Dipakena Basa
Dibedakeun antara basa jeung dipakena basa. istilah basa nuduhkeun kana sistim basa, Iangne, the language system. Istilah dipakena basa nuduhkeun kana basa anu keur digunakeun ku panyaturna, parole, utterance, panyaturan. Lamun basa dianggap kawilang homogen jeung stabil, panyaturan mah heterogen jeung dinamis.
Anu dijieun jejer bahasan, lain basa Sunda salaku sistim basa, tapi basa Sunda anu aya dma pamakean ku panyaturna, nyaeta panyaturan tea. leu anu dipilih, sabab masalah ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan kiwari, nyokona dina panyaturan. Dina panyaturan, perkara basa teh estu nyata, kaalaman, warna-warni, pasosok jeung basa sejen, robah-robah, jste. Tah anu perlu dirarancang pikeun leuwih ngamasarakatkeunana oge nya dipakena basa.
2. Panyaturan Basa Gelar dina Kaparigelan Basa
Basa dipake waktu nyarita, ngaregepkeun, nulis, jeung maca. Waktu ngalampahkeun eta kagiatan nya gelar panyaturan. Prakna make basa, panyatur bisa ngawungkul, nyarita wungkul, ngaregepkeun wungkul, nulis wungkul, jeung maca wungkul. Tapi ari keur ngayakeun komunikasi mah ilaharna campur, nyarita-ngaregepkeun, maca-nulis, nyarita-maca, nyarita-nulis, maca-nyarita-ngaregepkeun, jste.
Panyaturan teh fungsma aya nu internal jeung aya nu eksternal. Fungsi internal kajadian waktu ngomel, ngimpi, ngitung, milang, ngadoa jeung nulis buku poean. bungsi eksternai kajadian waktu ngayakeun komunikasi jeung anu Han, saperti di lingkungan kulawarga, di lingkungan tatangga, di tempat pagawean, di tempat atikan, jste. Kitu deui dma media koran, majalah, radio, rekaman, jeung televisi.
Kudu dipikanyaho dina kaparigetan naon basa Sunda kiwari dipake jeung dina kaparigelan naon henteu dipake. Kudu diteangan tarekahna sangkan basa Sunda dipake dina rupa-rupa kaparigelan.
Kudu dipikanyaho dina fungsi mana, boh internal boh eksternal, basa Sunda dipake atawa teu dipake. Kudu ditarekahan kumaha sangkan eta fungsi-fungsi teh bisa jalan.
3. Make Basa dina Kagiatan Kahirupan
Make basa teh nyaeta nyarita, ngaregepkeun, nulis, jeung maca, patali jeung kagiatan lampah. Tegesna, kagiatan verbal jeung kagiatan lampah teh nyambung. Kagiatan lampah aya anu mangrupa kagiatan jasmaniah katut indrawi, jeung aya deui anu mangrupa kagiatan rohaniah.
Kagiatan jasmaniah, upamana anu mangrupa gerak leungeun, suku, sirah, awak, jeung bagian badan lianna, osok dibarengan atawa dipiheulaan atawa dituturkeun ku kagiatan nyatur. Geura we pariksa ngaran-ngaran bagian badan katut pagawean jeung sipatna anu aya dina kecap-kecap basa Sunda.
Kagiatan indrawi, anu patali jeung panenjo, pangreungeu, pangambeu, pangasa (letah), katut pangrasa (kulit), gerakna jeung sifatna diebrehkeun ku kecap-kecap basa Sunda.
Tah, kagiatan lampah nu mana, boh nu patali jeung jasmani katut indrawi boh nu pataii jeung rohani, anu perlu dina kahirupan ayeuna keur urang?
Kagiatan nyatur jeung kagiatan lampah teh henteu gelar dina kosong, tapi gelar dina kahirupan, nyaeta raket jeung alam fisik, alam hayati, masyarakat, budaya, jeung agama.
Dina patalina jeung alam fisik, nyampak panyaturan ngeunaan taneuh, cai, hawa, cahaya, seuneu, bumi, langit, jste.
Dina patalma jeung alam hayati nyampak panyaturan ngeunaan tutuwuhan jeung sasatoan katut unak-anikna.
Dina patalina jeung masarakat, nyampak panyaturan ngeunaan kahirupan papada manusa, hirup babarengan dina rupa-rupa wujud, rupa-rupa cirina.
Dina patalina jeung budaya, nyampak panyaturan ngeunaan paparabotan, pakasaban, adat kabiasaan, kasenian, pangaweruh, filsafat, jste.
Dina patalina jeung agama, nyampak panyaturan ngeunaan kagiatan ibadah.
Tah, patalina jeung sakuriting bungking anu mana anu perlu dina kahirupan ayeuna keur urang?
Basa boga fungsi ngaiayanan kaperluan sangkan urang bisa hirup jeung huripna. Jadi, kudu dikumahakeun basa Sunda keur kahirupan urang ayeuna?
4. Nyatur Sakamampuhna Heula
Geus kasebut di luhur yen sistim basa man kawilang homogen jeung stabil. leu sistim geus kakeunaan ku tarekah manusa pikeun ngabeberesna. Contona, manusa ngawangun basa Iulugu ku ngajalankeun standardisasi, nyaeta nangtukeun palenggeran ngagunakeun basa anu merenah ku nyusun tata basa, kamus, tata tulis, conto teks, jste., anu dijalankeun kalayan pangdeudeul lembaga pamarentah, atikan, jeung media massa. Tarekah lianna ku ngajaga kamandinan basa, sangkan henteu jadi bawahan basa sejenna. Kaharti, naon sababna sistim basa mah kawilang tartib, ajeg, jeung murni. Basa Sunda geus ngalaman meunang tarekah kitu dina sababaraha periode.
Tah, sistim basa hasil tina standardisasi teh dijieun cecekelan pikeun kalangan anu purah nyatur ka balarea jeung purah ngatik, kayaning juru da'wah, tukang pidato, penyiar radio atawa televisi, pangarang, wartawan, guru, editor, redaktur, notulis, jste.
Beda jeung sistim basa (langue), ari panyaturan (parole) mah kaayaanana warna-warni pisan. Naon sababna? Kapan panyaturan mah kongkrit, napak kana kanyataan anu keur kasorang, kana kajadian anu aya dikieuna. Nu nyaturna, teu sarua: wanqja-pna, kolot-budak, kalungguhan dihormat-ngahormat, asal tempatna, asal lapisan masarakatna jste.
Kapangelan make basa teu sarua: nu saurang jeung nu sejen beda , kitu deui dina opat kapangelan aya anu karasa lancar jeung aya anu teu Iancar; kamampuh kana kekecapan oge beda-beda, aya ny euyeub aya anu samporet. Kitu deui dina ungkara kalimah. Komo deui, jalma ayeuna mah kapan. dwibasawan.
Latarna : tempat nyaturna di mana, beda-beda.
Suasanana . resmi-teu resmi, sedih-gumbira, aheng-ilahar, banyol-daria, jste.
Jejer anu dicaturna : pagawean, kalangenan, kasenian, politik, ekonomi, elmu, teknologi, kaayaan alam, sasatoan, tutuwuhan, jste.
Ku lantaran panyaturan mah pageuh napel kana kajadian nyata, anu husus, anu warna-warni, anu robah-robah, kaharti lamun kaayaanana instan. Ku kituna, teu kaburu ditartibkeun, teu kaburu diolah dibebenah sina ajeg, teu kaburu dimurnikeun.
Tah, kaayaan panyaturan basa Sunda anu osok digareuwahkeun teh kitu. Saenyana, kituna teh kaharti. Jadi, dina lebah cita-cita sangkan masarakat make basa Sunda, urang kudu sabar, kudu ngaula ka wayahna. Tarima heula kanyataan yen panyaturan basa Sunda ku masarakart ayeuna kitu kaayaanana.
Jadi, dina kaayaan awal, tarima dipakena basa Sunda nurutkeun sakamampuh masing-masing:
>• Aya jalma anu saeutik-eutikeun geus mampuh ngaregepkeun dina basa Sunda tapi can bisa an kudu nyarita mah.
> Aya anu nyarita dina basa Indonesia, tapi geus bisa ngareumbeuy ku
kecap atawa kalimah dma basa Sunda.
>• Aya anu geus bisa nyarita dina basa bunda, tapi loba keneh kecap jeung kalimah dina basa Indonesia atawa basa sejenna.
Aya anu geus bisa ngawangkong ku basa Sunda, tapi an biantara mah
can bisa.
Aya anu geus bisa nyarita, tapi an kudu nulis mah can bisa.
Aya anu osok nyarita ku basa Sunda, tapi ari maca mah tara.
Jeung kaayaan sejenna anu rupa-rupa pisan
Sikep nu make oge kudu dihargaan heula saayana.
Geus daek make basa Sunda saeutik-eutikeun.
Geus wani make basa Sunda najan, araga-areugeu keneh oge.
Geus biasa make basa Sunda kumaha bae ge kaayaan panyaturanana,
umpamana undak usukna can merenah.
Geus resep maca karangan dina basa Sunda.
Geus usaha ngaronjatkeun kaparigelanana make basa Sunda.
Jeung sikep-sikep sejenna.
Keur anu geus ngarasa maher dina nyarita atawa nulis basa Sunda, lamun panyaturanana ditujukeun ka balarea anu kaayaanana rupa-rupa, hadena ngagunakeun basa Sunda anu basajan bae, ulah matak helok nu ngadenge atawa anu maca. Kitu deui kudu ngadorong anu lian sangkan wani make basa Sunda, uiah jacii matak anu iian teh "isin' atawa "sieun iepaf, pedah aya pangersa ibu atanapi bapa ahli basa Sunda.
5. Padoman Ngagunakeun Basa
Lamun gcus Kanyanoau Kuinaiia kanictuipuii oaiuiett uina panyaiuiuiiaua ku basa Sunda, bisa kajugjugan padoman naon anu pcriu disadiakcun keur mpa-rupa kaperluan make basa Sunda. Padoman kudu gampang kahartina jeung gampang dilaksanakeunana. Ulah ngalatihkeun anu teu perlu, nepi ka kesanna teh "geuning basa Sunda mah sakitu ahengna", matak wegah.
6. Ngagiatkeun Make Basa Sunda
Dumasar kana kaayaan saperti anu digambarkeun dina bagian 4, bisa dijalankeun program ngagiatkeun make basa Sunda di rupa-rupa lingkungan. leu oge ulah ngarawu ku siku, kudu basajan jeung satahap-satahap bae. Di rupa-rupa lingkungan beda-beda. Umpamana:
Kaparigelan naon? Maca tabloid, maca majalah, maca buku? Atawa
ngawakong dina suasana teu resmi atawa diskusi ngeunaan hal anu perlu
dipikanyaho. Atawa ngadcngckcun ccramah dina basa Sunda, heg nyatet
utak-eutik ku basa Sunda. Ngayakeun kutbah jumaah ku basa Sunda. Jste.
Di iingkungan mana?
Pilih anu merenah : di imah, di lingkungan RT/RW, di Puskcsmas, di pangajian, di tempat pagwean, di kantpr pamarentah
> Dina suasana kumaha?
Suasana teu resmi, suasana resmi9 Pitih anu merenah.
> Saha panyaturna?
Dipilih panyatur anu satata, anu saumur, sakaresep atawa aicampurY Atawa saha bae.
7. Memeres Basa
Ngamasarakatkeun basa Sunda anu dibahas dina ieu makalah ngaheulakeun aspek dipakena basa Sunda. Tangtu bae perlu dibarengan ku usaha ngagarap sistem basana. leu dijalankeun ku para ahli basa Sunda, ahli pendidikan basa Sunda, babarengan jeung pihak sejenna. Upamana : nyusun kamus keur rupa-rupa kaperluan, nyusun buku tata basa, nyusun rupa-rupa padoman, nyusun program latihan, nyusun pakeman anyar, nyusun buku pangajaran, ngajen buku pangajaran, jste anu luyu kana kaayaan jeung kaperluan jaman ayeuna.
8. Srategi Ngamasarakatkeun Basa Sunda
Dumasar kana anu dibahas dina bagian-bagian ti heula, perlu disusun rarancang pikeun ngawujudna panyaturan basa Sunda anu leuwih lega jeung leuwih mindeng di masarakat basa Sunda, anu dina kanyataanana sakaligus mangrupa masarakat basa Indonesia.
Anu jadi tujulna : Kelompok-kelompok masarakat dina rupa-rupa kagiatan jeung rupa-rupa konteks.
Paket kagiatan : Panyaturan basa Sunda nyaeta kaparigelan nyanta, ngaregepkeun, maca, jeung nulis, dipilih luyu jeung kelompok anu ditujulna.
eta paket kagiatan disusun dumasar kana :
hasil riset ngeunaan kaayaan digunakeunanana basa Sunda dina
kahirupan balarea kiwan.
Pangajen (evaluasi) kana kaayaan digunakeunana basa Sunda dina
kahirupan balarea kiwari
Paket kagiatan dipromosikeun sarta ditawarkeun ka rupa-rupa kelompok
masarakat jeung instansi pamarentah katut swasta.
Nu ngalaksanakeun kagiatan :
LBSS ngaluluguan rukun gawe jeung paguron luhur, pasantren, sakola, dines-dines di pamarentahan provinsi/kabupaten/kota, pausahaan, pakumpulan di masyarakat, pamedal buku, majalah, tabloid, pangarang, jste.
Waragad : Ti Pamarentah jeung ti pihak anu narima paket kagiatan.
PUSTAKA
Aitchison, Jean, Language Change : Progress or Decay? New York : Universe
Books, 1985. Escholz, Paul; Alfred Rosa; Virginia Clark (Eds.), Language Awareness, New
York : St. Martin Press, 1982. Fasold, Ralph, The Sociolinguisties of Society, New York : Basil Blackwell
Publisher Limited, 1984. Fishman, Joshua A., Sociolinguistic a Brief Introduction. Masschusett :
Newbruy House Publishers, 1975. Rusyana, Yus, "Berbagai Sikap Menghadapi Perubahan yang Terjadi dalam
Bahasa Sunda", dalam Bahasa dan Sastra dalam Gamitan Pendidikan,
Bandung : C.V. Diponegoro, 1984. Rusyana, Yus. "Fungsi Bahasa Daerah dalam Kehidupan Manusia Indonesia",
Makalah Konferensi Bahasa Nusantard\ Taman Ismail Marzuki,
Jakarta, 18-19 Oktober 1999. Rusyana, Yus. "Peran Bahasa sebagai Perekat Keberagaman Etnik dalam
Konteks Pendidikan", Makalah Seminar Nasional Linguistik,
diselenggarakan oleh Fakultas Bahasa dan Seni bekerja sama dengan
Program Pascasarjana Universitas Negeri Yogyakarta, 2 Oktober 2004.
Minggu, 10 Agustus 2008
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
1 komentar:
punten,,pidatona panjang teuing,,tp sae,
Posting Komentar