adam lali tapel
poho ka baraya jeung poho ka lemah cai

adat kakurung ku iga
adat nu hese digantina

adean ku kuda beureum
beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur

adigung adiguna
gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana

ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara
usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan)

ngadu angklung di pasar
papaduan nguruskeun nu euweuh mangpaatna di hareupeun jalma loba

ngadu ngadu rajawisuna
mawakeun omongan si a ka si b jeung sabalikna, temahna si a jeung si b pasea, parerea omong

agul ku payung butut
ngagulkeun luluhur sorangan

aya astana sajeungkal
anu mustahil oge oge bisa kajadian

aya jalan komo meuntas
eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun

aya bagja teu daulat
arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus

aya peurah aya komara
aya harega, aya pangaji

ayakan tara meunang kancra
nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana

akal koja
pinter dina kagorengan atawa kajahatan

mun teu ngakal moal ngakeul
mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup

aku panggung
darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste

aku aku angga
ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda
ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa kauntungan

aki aki tujuh mulud
lalaki nu geus kolot pisan

alak paul
tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana

alak alak cumampaka
resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna.
anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya

teu puguh alang ujurna
teu puguh entep seureuhna, teu beres lain kitu kuduna

alus panggung = alus laur hade ome
tegep dedeg pangadegna

ambek nyedek tanaga midek
ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri
napsu kapegung

seukeut ambeu seukeut deuleu
loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean pulisi)

teu diambeuan
teu dipikarisi, teu dipikagimir, teu dihargaan/diajenan

dipiamis buah gintung
disangka hade jeung bageur, tapi buktina goreng jeung jahat

teng anak teng, anak merak kukuncungan
sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna

anak puputon
anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah

anjing ngagogogan kalong
mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun

Aya hate kadua leutik
Naksir.

nulungan anjing kadempet
nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima

beuteung anjingeun
ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing

tikoro andon peso
ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang

paanteur-anteur julang
silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina

aub payung, sabet panon,
sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah

ngadaweung ngabangbang areuy
pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih

ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed
ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh

asa ditonjok congcot
meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep

asa nanggeuy endog beubeureumna
kacida nyaahna

asa potong leungeun katuhu
leungiteun jalma nu pohara hade gawena

nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha
nu hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng

ngaliarkeun taleus ateul
ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur

ati mungkir beungeut nyinghareup
palsu, siga sono, tapi henteu. siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu

ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam
ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan

sentak badakeun
teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan

belang bayah gindi pikir
boga pikiran goreng ka papada kawula

baleg tampele
ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera

bali geusan ngajadi
tempat dilahirkeun

balung kulit kotok meuting
teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari

balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan
beak karep ku rido jeung beresih hate

banda tatalang raga
lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras

kurung batok
teu resep nyanyabaan, ni'mat cicing diimah bae

ulah kabawa ku sakaba-kaba
ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna : kabawa jurig, dedemit

ambekna sakulit bawang
gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung

nginjing sila, bengkok sembah
goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan

bengkung ngariung bongkok ngaronyok
babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka

totopong heureut dibeber beber, tangtu soeh
nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu bae matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana

jauh ka bedug
dusun,bodo, euweuh kanyaho

keur nuju bentang surem
keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang terusterusan rugi bae

teu mais teu meuleum
teu aya patalina pisan, teu pipilueun

kandel kulit beungeut
euweuh kaera

mindingan beungeut ku saweuy
ari hate goreng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya ulah kaciri tea

ulah beunghar memeh boga
ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya

beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana
pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali

lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda
arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae

beureum paneureuy
seuseut batan neureuy keueus hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud

teu nyaho di alip bingkeng
bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola

beurat birit
hese jeung sungkan dititah

hampang birit
gampang jeung daekan dititah

ngusap birit
bari indit kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amit heula ka anu araya didinya

biwir nyiru rombengeun
resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur

biwir sambung lemek, suku sambung lengkah
henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian

bobo sapanon carang sapakan
aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana

mobok manggih gorowong
meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang

bobor karahayuan
henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas

kawas lauk asup kana bubu
gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawean, tapi hese kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawean (masalah)

naheun bubu pahareup hareup
dina pangabutuh silih injeuman duit

ngabudi ucing
teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh

cara bueuk meunang mabuk
ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun

buluan belut, jangjangan oray
pamohalan kajadian

ciri sabumi cara sadesa
beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana

bungbulang tunda / tunda talatah
lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur

sabuni buni anu ngising
sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae

ngodok liang buntu hese cape taya gawe, susah payah taya guna
sanajan tihothat oge moal atawa henteu beubeunangan

hayang untung jadi buntung
teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep

buntut kasiran
koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere

nyolok mata buncelik
nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana

bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang
ginding, loba pakean anu aralus dipake

buburuh nyatu diupah beas
nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih

buruk buruk papan jati
ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh

lauk buruk milu mijah = piritan milu endogan
pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona

nu burung diangklungan, nu edan dikendangan
ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita teh salah

teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan
ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae

leutik burih
euweuh kawani

teu busik bulu salambar
teu regrog regrog, malah unggul dina juritna

bonteng ngalawan kadu
nu leutik ngalawan nu gede

nu borok dirorojok = nu titeuleum disimbeuhan
nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina

daek macok embung dipacok
daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung

dagang oncom rancatan emas
ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna

pait daging pahang tulang
cageur teu keuna ku panyakit naon bae

dah bawang dah kapas
tah barangna tah duitna

nyeungeut damar di suhunan
mintonkeun kakayaan, atawa barangbere supaya dipuji

caang bulan dadamaran
migawe nu kurang mangpaat

disakompet daunkeun, dihurun suluh
dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda

nyieun catur taya dapur
nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna

deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug,
pada nongton, jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian

deukeut deukeut anak taleus
ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya

ngadeupaan lincar
ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar

dihin pinasti, anyar pinanggih
baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna

teu didingding kelir
teu dibuni buni, ditembrakeun bae, teu dirasiahkeun

paluhur luhur diuk
pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah

jabung tumalapung sabda tumapalang
milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon

jadi maung malang
jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe

jadi senen kalemekan
mindeng dicaritakeun batur

jadi sabiwir hiji
jadi carita jalma loba

ulah tiis tiis jahe
kudu iatna, kudu cingceung

loba teuing jaksa
loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan

aya jalan komo meuntas
aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun

jaman cacing dua saduit
jaman baheula pisan

jauh ka bedug anggang ka dayeuh
dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga

meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra
kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede

sereg di panto logor di liang jarum
nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema

jati kasilih ku junti
pribumi kaeehkeun ku urang asing

jawadah tutung biritna, sacarana sacarana
unggal bangsa beda adat jeung kabiasaanana

jejer pasar
lumrah bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu

jegjeg ceker
cape kulantaran leumpang ka dieu ka dieu

leuleus jeujeur liat tali
pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana

jeung leweh mah mending waleh
leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita

nyieun pucuk ti girang
pangheulana neangan piaseaeun

asa dijual payu
ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa

moal neangan jurig teu kadeuleu
arek nyekel jelema nu aya bae, moal neangan jelema nu euweuh

cara jogjog mondok
carekcok bae, mani gandeng naker

jogjog neureuy buah loa
mikarep ka anu lain babad

dogdog pangrewong
bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon

dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur
ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe

dosa salaput hulu
kacida loba dosana

Dulang tinande
Awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salaki

Duum tinggi
Ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik

Ulah muragkeun duwegan ti luhur
Masing nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah

Elmu ajug
Pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu

Elmu sapi
Samiuk (ngahiji) kana kagorengan

Elmu tumbila
Nu boga imah ngarugikeun ka tatamu

Elok bangkong
Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae

Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh
Kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea

Endog tara megar kabeh
Najan saindung sabapa hneteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna

Kawas hayam keur endogan
Cilingcingcat bae, teu bisa cicing

Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir
Mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang

Nangkeup mawa eunyeuh
Mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang

Cara gaang katincak
Anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan

Galehgeh gado
Darehdeh tapi henteu terus kana hate

Jauh jauh panjang gagang
Hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil

Sagalak galakna macan taru nyatu anakna
Sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak

Ngagandong kejo susah nyatu
Loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh

Gancang pincang
Kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu nyugemakeun

Gantung denge
Hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun

Gantung teureuyeun
Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan

Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan
Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade

Ngagedag bari mulungan
Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho bae

Gede gunung pananggeuhan
Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng

Gede gede kayu randu, dipakeke pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig
Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goreng

Nyalindung ka gelung
Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana

Legok tapak genteng kadek
Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona

Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma
Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug

Gindi pikir belang bayah
Goreng hate, dolim, julig , dengki

Ginding kakampis
Ari pake mah ginding ngan duit teu boga

Nyium bari ngegel
Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng . salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna

Dipiamis buah gintung
Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat

Pagirang girang tampian
Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan

Giri lungsi tanpa hina
Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina

Anjing ngagogogan kalong
Mikahayang nu moal baka; kasorang

Hade gogog hade tagog
Hade basa jeung hade tingkah lakuna

Nya ngagogog nya mantog
Nya nitah ka batur nya prak kumanehna

Goong saba karia
Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan

Mobok manggih gorowong
Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileun

Teu gugur teu angin
Samemeh kajadian naon naon, teu aya pisan beja, lantaran atawa ciciren

Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi
Euweuh anggeusna, euweuh beakna

Gurat batu
Pageuh kana jangji

Taya halodo panyadapan
Terus bae digelendeng atawa dicarekan

Hambur bacot murah congcot
Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere dahareun

Adab lanyap
Jiga nu handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun

Hirup nuhun paeh dirampes
Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon

Hapa hapa ge ranggeuyan
Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan

Harewos bojong
Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela pisan

Getas harupateun, pingges harepan
Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur

Harus omong batan goong
Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umuna sok pabeja beja

Hejo tihang
Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean

Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang
Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina

Herang caina beunang laukna
Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur

Saherang herangna cai beas
Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang

Hanteu gedag bulu salambar
Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan

Heueuh heueuh bueuk
Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena

Nyieun heuleur jeroeun huma
Henteu raket jeung dulur pahare-hare bae

Heurin ku letah
Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karempan

Kahieuman bangkong
Ku ayana barang titipan di urang, urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon

Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang
Inggis jeung paur kabina bina

Haripeut ku teuteureuyeun
Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram

Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acan
Teu baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo acan. Deungeun deungeun tulen

Hirup ku panyukup gede ku pamere
Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah

Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja
Kudu bageur kudu hade laku lampah supaya alus kacaritakeunana

Hulu dugul dihihidan
Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung

Nyanghulu ka jarian
Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina

Hunyur nandean gunung
Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana

Nya di hurang nya dikeuyeup
Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak boh disomah sarua bae

Hurung nangtung siang leumpang
Ginding karana make papakean atawa perhiasan anu aralus

Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeun
Masrahkeun sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana (biasana sok dipake dina seserahan)

Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata.
Ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenah jeung baruk.

Indung lembu bapa banteng
Ti indung jeung bapa turunan menak jeung beunghar.

Inggis batan maut hinis
Pohara risina, pohara paurna.

Ipis kulit beungeut
Gede kaera.

Pakotrek iteuk
Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.

Iwak nangtang sujen.
Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.

Miyuni hayam kabiri.
Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka awewe.

Ngadek sacekna, nilas saplasna.
Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan.

Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung.
Kajeun teuing cape gawe asal bisa dahar kalawan cukup.

Ngarep ngarep kalangkang heulang.
Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana.

Kalapa bijil ti cungap.
Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.

Mere langgir kalieun.
Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.

Kai teu kalis ku angin.
Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.

Tinggar kalongeun.
Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan.

Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri.
Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.

Ngarep ngarep bentang ragrag.
Ngarep-ngarep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.

Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok.
Najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa.

Kawas kacang ninggang kajang.
Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari nyarekan.

Kejo asak angeun datang.
Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui harita keneh dilaksanakeun.

Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung.
Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih.

Sakecap kadua gobang.
Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.

Ninggang kana kekecrekna.
Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.

Ngeupeul ngahuapan maneh.
Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.

Keur meujeuhna bilatung dulang.
Laleutik keneh pisan keur meujeuhna bareuki dahar.

Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita.
Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.

Sakiriciking duit sakocopoking bogo.
Naon bae anu matak narik kana hate urang.

Kiruh ti girang kiruh ka hilir
Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur.

Kiceupna sabedug sakali.
Pohara lungguhna.

Ngodok liang jero.
Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.

teu beunang dikoet kunu keked.
Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah.

Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran.
Anu saumur -umur miskin tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede, sasarina sok kacemekanana nepi ka siga mangpang meungpeung.

Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam.
Kacida miskina.

Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak.
Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng.

Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan.
Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.

Ngadagoan kuah beukah.
Ngadagoan pasesaan kadaharan ( Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur bae, anu saenyana mah ayana tukang babantu teh henteu perlu)

Kawas kuda leupas ti gedogan.
Bingung ku kamerdekaan, terus sakama-kama nganteur kahayang, ngalajur napsu, kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker.

Kujang dua pangadekna.
Hiji pagawean anu ngandung dua rupa maksud.

Ngukur ka kujur nimbang ka awak
Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala.

Kudu bisa ngeureut neundeun.
Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.

Kudu boga pikir kadua leutik.
Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.

Ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak.
Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hade, ngalawan ka anu jadi dunungan.

Kulak canggeum bagja awak
Milik hade atawa goreng anu geus ditangtukeun ti ajalina keneh ku Gusti Nu Maha Suci.

Kaciwit kulit kabawa daging.
Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.

Kumaha bule hideungna bae.
Kumaha engke bae buktina, kumaha behna.

Kunang kunang nerus bumi.
Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.

Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban.
Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.

Rumbak kuntieun.
Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.

Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging.
Dina cidrana anu diborehan, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.

Kuru cileuh kentel peujit.
Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.

Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan.
Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/ panyabaan.

Sibanyo laleur.
Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.

Landung kandungan laer aisan.
Gede timbanganana, gede pangampurana.

Halodo sataun lantis ku hujan sapoe.
Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.

Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra.
Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.

Herang caina beunang laukna.
Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.

Kawas lauk asup kana bubu.
Gampang asupna kana pagawean tapi pohara hesena hayang kaluar ninggalkeun eta pagawean.

Ceuli lentaheun.
Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener henteuna.

Nete porot ngeumbing lesot.
Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae.

Leubeut buah hejo daun.
Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.

Paheuyeuk heuyeuk leungeun.
Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.

Leunggeuh cau beuleum.
Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.

Cileuncang mande sagara, cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung.
Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.

Satengah buah leunca.
Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.

Leutik leutik ngagalatik
Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber ku wawanen.

Leutik ringkang gede bugang.
Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerea.

Leutik cahak, gede cohok.
Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.

Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet.
Hade gorengna pikiran jelema hese dikira kirana.

Mangpengkeun kuya ka leuwi.
Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.

Ngaliarkeun taleus ateul.
Ngabeja bejakeun kagorengan batur atawa kajahatan anu lian.

Lieuk euweuh ragap taya.
Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.

Kawas anjing kadempet lincar.
Mere parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala.

Lodong kosong ngelentrung.
Kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah euweuh.

Nimu luang tinu burang.
Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.

Luhur kuta gede dunya.
Gagah tur beunghar taya kakurang.

Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal.
Menta dihampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.

Lungguh tutut.
Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.

Luncat mulang.
Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.

Ulah cara ka malati kudu cara ka picung.
Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.

Maliding sanak.
Henteu adil, pilih kasih.

Daluang katinggang mangsi.
Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).

Mopo memeh nanggung.
Hoream, teu sanggup samemeh prak.

Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarih
Lamun teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.

Moal ceurik menta eusi.
Keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang loba diberena.

Monyet kapalingan jagong.
Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan.

Cacag nangkaeun.
Hanteu beres, hanteu rata, henteu sampurna.

Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan.
Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak.

Teu aya sarebuk samerang nyamu.
Teu aya saeutik eutik acan.

Sapu nyere pegat simpay
Paturay papisahan.

Maut nyere ka congona.
Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.

Nyeri beuheung sosonggeteun.
Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol bae datang.

Biwir nyiru rombengeun
Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.

Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait.
Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.

Hade ku omong goreng ku omong.
Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna.

Omong harus batan goong.
Beja the gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab teh leuwih hebat batan aslina

Owah gingsir.
Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.

Uyah tara tees kaluhur.
Galibna sipat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak incuna.

Ieu aing uyah kidul
Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.

Saumur nyunyuhun hulu.
Saumur hirup rumingkang di bumi alam.

Asa ditumbu umur.
Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.

Ngadagoan uncal mabal.
Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki
.
Papadon los ka kolong.
Cidra jangji, teu nedunan jangjina.

Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum.
Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.

Sengserang padung.
Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.

Marebutkeun paisan kosong.
Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.

Pait daging pahang tulang.
Arang gering.

Malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung.
Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.

Panday tara bogaeun bedog
Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.

Cecendet mande kiara.
Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.

Ulah pangkat memeh jeneng.
Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.

Sagolek pangkek sacangreud pageuh.
Hanteu cidra kana jangji.

Seuneu hurung dipancaran.
Nu keur napsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah.

Mapay ka puhu leungeun.
Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.

Nincak parahu dua.
Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.

Tunggul dirarud catang dirumpak.
Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur napsu.

Pacikrak ngalawan merak.
Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.

Melengkung bekas nyalahan.
Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.

Saungkab peundeuy.
Omongan anu pondok tur kurang manis.

Meungpeun carang ku ayakan.
Nyaho yen batur teh salah atawa migawe anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.

Meungpeung teugeu harianeun.
Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.

Nyaliksik ka buuk leutik.
Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.

Nyair hurang meunang kancra
Sugan the rek meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gede.

Kawas hayam panyambungan.
Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar keneh aya di eta tempat.

Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang.
Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.

Titip diri sangsang badan
Mihapekeun maneh.

sangsara di geusan betah.
Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup mah hayang keneh.

Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah.
Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.

Langsung saur bahe carek.
Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan.

Nete semplek nincak semplak.
Ninggang dina salah jeung rugi bae, turug turug kasusah nambahan deuih.

Sereg dibuana logor diliang jarum.
Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema.

Seuneu hurung cai caah.
Keur ambek, keur amarah, keur napsu.

Nyeungseurikeun upih ragrag.
Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu the kahareup mah ku urang sarerea bakal kasorang.

Seuseut batan neureuy keueus.
Hese pisan.

Nyiar batuk piaraheun.
Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.

Teu dipiceun sasieur.
Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik acan

Aya di sihung maung.
Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.

Nangtung kariung ngadeg karageman.
Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.

Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang.
Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.

Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju.
Menta pangampura jeung menta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.

Teu ditari teu ditakon.
Teu dipalire diantep bae, teu ditanya tanya acan.

Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi.
Dialak ilik lantaran dianggap aneh.

Nepakeun jurig pateuh.
Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.

Nete taraje, nincak hambalan.
Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun teh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.

Nete semplek nincak semplak.
Kieu salah kitu salah.

Katempuhan buntut maung.
Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.

Nepak cai malar ceret
Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur, supaya batur teh ragrag ngarana jeung kawentar kagorenganana.

Neukteuk mani anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun.
Heuras hatena teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.

Neundeun piheuleut nunda picela.
Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.

Jogjog neureuy buah loa.
Milampah anu moal pihasileun.

Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah.
Nya goreng rupana nya goreng kalakuanana sok daek pulang paling.

Katumbukan catur kadatangan carita.
Loba anu embung sabab ngagedekeun jeung ngagugulukeun panyerewedan.

Kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara
Kawentar pisan, kawentar kamana mana

Saherang herangna cibeas, moal herang cara cisumur.
Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan

Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok.
Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila lila jadi bisa.

Cicing dina sihung maung.
Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.

Clik putih clak herang
Kaluar tian hate anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.

Nyokot lesot ngeumbing porot
Teu aya usaha anu ngahasilkeun.

Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna.
Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana henteu bageur.

Kawas cucurut kaibunan
Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon.

Nuju hirup ninggang wirahma
Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.

Tugur tundang cuntang gantang
Ngajalankeun pagawean pikeun Nagara, babakti ka nagara

Tunggul sirungan, catang supaan.
Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah ahirna.

Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait.
Tibatan ahirna matak susah, leuwih hade dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.

Bilih aya turus bengkung.
Bisi salah pokpokanana.

Noong ka kolong
Leutik hate, leutik pangharepan.

Kawas wayang pangsisina.
Ngeunaan jelema nu goreng rupana.

Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan.
Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.

Waspada permana tingal
Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian

Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang.
Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna alus pisan.

Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung.
Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.

Nyiuk cai ku ayakan
Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.

Kawas nu mulangkeun panyiraman.
Sok nu lain lain, jeung hese ngayakeunana nu dipikayang ku jelema nu tereh ajal, kahayangna sabisabisa kudu dicumponan bae, sanajan matak ngarepotkeun ka ahlina/ kulawargana.

Kawas siraru jadi.
Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.

Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran
Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.

Sirung ngaliwatan tunggul
Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa

Sosoroh ngadon kojor
Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.

Nyuhun nanggung ngelek ngegel
Rebo pisan, babawaanana loba naker.

Bluk nyuuh blak nangkarak.
Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.

Ari diarah supana, kudu dipiara catangna
Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.

Seukeut tambang manan gobang.
Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.

Tamiang meulit ka bitis.
Malindes ka diri sorangan

Pagirang girang tampian.
Paunggul unggul dina neangan pangupa jiwa.

Pindah cai pindah tampian.
Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.

Tamplok batokeun.
Berehan teuing nepi ka urang mah susah.

Gede gunung pananggeuhan.
Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegeden, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.

Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna.
Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.

Aya jalan komo meuntas
Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.

Peureum kadeuleu beunta karasa.
Inget bae, teu bisa poho. Biasana mah lain kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.

Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban.
Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.

Sabobot sapihanean.
Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.

Neukteuk curuk dina pingping.
Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana meula susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.

Pinter aling laing bodo
Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.

Mipit teu amit ngala teu menta.
Maling boga batur.

Miceun batok meunang coet.
Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae.

Nya picung nya hulu maung
Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.

Pupulur memeh mantun
Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan memeh prak digawe.

Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu.
Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru.

Mupugkeun tai kanjut.
Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.

Puraga tamba kadengda.
Migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.

Hapa hapa ge ranggeuyan.
Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.

Teu boga pikir rangkepan.
Teu boga curiga saeutik eutik acan.

Raweuy beuweungeun rambay alaeun.
Loba dahareun da loba pepelakan

Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan.
Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.

Uncal tara ridu ku tanduk.
Duduluran karumpul kabeh.

Kawas budak rodek hulu.
Teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan pisan.

Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan.
Nu keur susah ditambah deui kasusahna.

Pada rubak sisi samping.
Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.

Piruruhan katengahimahkeun.
Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.

Rusuh luput gancang pincang.
Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.

Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan.
Junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.

Taya halodo panyadapan.
Taya eureuna digelendeng atawa di dicarekan
.
Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah.
Nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.

Tiis ceuli herang mata
Ngeunah hate kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung dedengean.

ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup.
Lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.

Tipu keling ragaji Inggris.
Pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.

Titirah ngadon kanceuh.
Sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede.

Kumaha kejebur caina geletuk batuna.
Kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran.

Nyicikeun cai, murulukeun lebu.
Turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.

Cangkir emas eusi delan.
Omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.

Teu cari ka Batawi tapi ka salaki.
Hakan pake hayang ti salaki.

Rumbak caringin di buruan.
Dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka urang.

Wiwirang di kolong catang nya gede nya panjang.
Wiwirang nau pohara gedena.
Laligarna tarate dina talaga hate. nyambuangna seungit malati nu ligar dina taman ati janten ciciren lubarna kalepatan antawis urang. Wilujeng boboran shiam 1430 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum Sunda

Jumat, 22 Februari 2008


Yuuuu......ach
Nepangkeun kuring budak Sunda entragan 2002
rek midangkeun salam Sunda .............................

Tidak ada komentar: