PAGUYUBAN Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) gawé bareng jeung Universitas Padjadjaran, baris ngayakeun Pasanggiri Tarucing Cakra (ngeusian TTS), dipatalikeun jeung Poé Basa Indung Internasional 2008. Tujuan ieu pasanggiri téh keur ngasah kamampuh masarakat dina ngagunakeun basa Sunda.
Dina prakprakanana, ieu pasanggiri rék maké pakakas komputer (lain ngeusian dina keretas), sarta dibagi jadi 2 katégori:
- Katégori keur guru basa Sunda. Bisa diiluan ku sakumna guru basa Sunda SD/SMP/SMA. Panitia nyadiakeun 50 komputer keur 50 pamilon. Ieu pasanggiri baris dipintonkeun langsung dina acara Miéling Poé Basa Indung Internasional di Unpad, 21 Pébruari 2008.
- Katégori keur balaréa saalam dunya. Bisa diiluan ku saha baé ngaliwatan média internét.
Katangtuan Pasanggiri
a. Pasanggiri Tarucing Cakra keur Guru Basa Sunda
- Nu miluanana kudu guru basa Sunda.
- Sakur pamilon kudu daftar heula ka panitia ku cara ngeusian formulir boh langsung boh online. Formulir disadiakeun di sekrétariat panitia, Jl. Taman Kliningan II No. 5 Bandung, atawa bisa dikunjal ti website http://ppss.or.id/formulir-ptc.rtf.
- Jumlah pamilon diwatesan nepi ka 50 urang.
- Pendaftaran ditutup ping 18 Pébruari 2008.
b. Pasanggiri Tarucing Cakra Saalam Dunya
- Ieu pasanggiri diajangkeun keur saha baé, di mana baé.
- Sakur pamilon kudu régistrasi heula di websitehttp://tarucing.ppss.or.id/?tah=daftar.tar
- Jumlah pamilon teu diwatesanan.
- Pendaftaran ditutup ping 18 Pébruari 2008.
- Prungna pasanggiri tanggal 19-20 Pébruari 2008 dina internét.
Béwara jeung Hadiah
- Pinunjul pasanggiri baris dibéwarakeun dina acara Miéling Poé Basa Indung Internasional di Unpad, 21 Pébruari 2008.
- Disadiakeun hadiah Laptop (husus katégori guru basa Sunda) keur pinunjul utama jeung hadiah lianna.
KATANGTUANANA
A. Pasanggiri Tarucing Cakra keur Guru Basa Sunda
- Unggal pamilon kudu guru basa Sunda SD/SMP/SMA.
- Unggal pamilon kudu bisa ngagunakeun komputer (program browser Internét, upamana Internet Explorer atawa Mozilla Firefox). Mun aya pamilon nu teu bisa maké komputer, bisa ngajak saha baé (saurang) pikeun maturan ngeusikeunana.
- Pamilon nu wenang milu kana pasanggiri, nu geus disatujuan ku panitia, tur méméhna ngeusian heula formulir pendaftaran.
- Jumlah pamilon diwatesanan 50 urang, dumasar kana nomer pendaftaran. Mun jumlah nu daftar leuwih ti 50, pamilon séjénna bari dijieun cadangan.
- Upama dina waktuna pasanggiri aya pamilon anu teu hadir atawa telat, ku panitia dianggap bedo, sarta éta pamilon baris diganti ku pamilon cadangan.
- Méméh prung pasanggiri, panitia baris ngayakeun simulasi tatacara maké program tarucing cakra.
- Waktu keur ngeusian tarucing cakra ditangtukeun ku panitia, lilana maksimal 30 menit.
- Hasil tina pasanggiri baris dipeunteun maké sistem komputer tur diumumkeun harita kénéh.
- Para pinunjul baris dicokot ti nu pangbenerna jeung panggancangna ngeusian tarucing cakra.
B. Pasanggiri Tarucing Cakra keur Balaréa Saalam Dunya
- Nu miluanana bisa saha baé, urang mana baé.
- Pamilon méméhna kudu régistrasi heula di rohangan web: http://tarucing.ppss.or.id/?tah=daftar.tar. Sakur pamilon ngan bisa daptar sakali (ditangtukeun dumasar kana IP address)
- Sabada régistrasi tur disaluyuan ku panitia, pamilon baris dikirim kodeu aktivasi kana email.
- Prungna pasanggiri baris dibuka tanggal 19 Pébruari 2008 jam 00.00 WIB nepi ka 12.00 WIB (GMT:+07:00).
- Unggal pamilon ngan dibéré kasempetan login sakali.
- Para pinunjul baris diumumkeun sacara online ti ngawitan ping 19 Pébruari jam 18.00 WIB.
- Hadiah baris dipasrahkeun dina acara méling poé Basa Indung Internasional, 21 Pébruari 2008, di Graha Sanusi Hardjadinata Unpad.
C. Tatacara Meunteun Pinunjul
- Mun pasanggiri geus dimimitian, sistem komputer baris ngitung waktu unggal pamilon ti mimiti prung nepi kalekasan. Itunganana dina milidetik (diitung ti mimiti login).
- Sakur kotak nu kudu dieusian dibéré peunteun 5 poin. Upamana, jumlah kotakna 100 siki, peunteun nu panggedéna téh 500 (mun bener kabéh).
- Keur nangtukeun pinunjul, sistem komputer baris néangan pamilon nu peunteunna 500. Upama aya sababaraha pamilon nu peunteunna sarua, baris ditéangan jumlah waktu nu panggancangna.
- Hadiah utama dianggap bedo upama teu aya pamilon nu bisa ngeusian kabéh kotak kalawan bener.
D. Katangtuan Séjénna
Panitia baris ngabedokeun pamilon nu kanyahoan:
- Ngaruksak sistem komputer sangkan dirina jadi pinunjul.
- Ngadaftarkeun user leuwih ti hiji bari jelemana éta-éta kénéh.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar