Dana bantuan operasional sakola (BOS) triwulan I taun 2008 dipastikeun telat. Pasalna, aya sajumlah wewengkon anu tacan mikeun surat kaputusan (SK) ti bupati/wali kota pikeun ngokolakeun dana BOS di wewengkon, nyaéta Kota Bandung, Kota Depok, Kab. Kuningan, jeung Kab. Garut.
Numutekun Nandang, telatna penyaluran dana BOS ieu lain ngan alatan saban wewengkon telat ngirim SK nu ngokolakeun BOS, tapi ogé alatan ampir di unggal wewengkon geus aya bagantina pangurus nu ngokolakeun BOS. Jadi, tambahna, para nu ngokolakeun BOS di wewengkon kudu nyaluyukeun deui kalawan kepengurusan anu anyar.
"Di tingkat propinsi waé aya pergantian pupuhu Satker PKPS-BBM, tapi euweuh parobahan stafnya. Sedengkeun di wewengkon, sajaba pupuhu jeung pangurusna aya anu robah. Otomatis ku parobahan kapangurusan bisa ngarubah kana kawijakan,"
Telatna ngirimkeun SK pengelolaan dana BOS ti unggal wewengkon, bisa ngahambat kana narimana dana BOS ka wewengkon séjén anu geus ngirimkeun. Sedengkeun jumlah siswa anu nampa dana BOS di Jabar, cenah, geus henteu jadi masalah.
Sedengkeun jumlah siswa anu nampa BOS di Jabar ngahontal 6.201.637 siswa, tingkat sakola dasar sarta sakola dasar luar biasa (SDLB) saloba 4.678.611 siswa, sarta tingkat SMP jeung SMP luar biasa (SMPLB) saloba 1.523.026 siswa.
"Pikeun tingkat SMP sarta SMPLB geus kaasup siswa ti sakola menengah pertama terbuka (SMPT)," tambahna.
Dana BOS anu baris disalurkeun dina triwulan I ieu, sagedé Rp 431.879.599.500 kalawan rincian pikeun siswa SD/SDLB sagedé Rp 297.091.798.500 sarta pikeun siswa SMP/SPLB sagedé Rp 13.478.780.100. Saban siswa SD/SDLB baris meunang dana BOS sagedé Rp 63.500/triwulan, sedengkeun siswa SMP/SMPLB meunang dana BOS Rp 88.500/triwulan.
Lamun dijumlahkan dina hiji taun, saban siswa SD/SDLB baris meunang dana BOS sagedé Rp 190.500 sarta pikeun siswa SMP/ SPLB saban siswa nampa dana BOS sagedé Rp 265.500.
Nandang nétélakeun, dana BOS ka saban wewengkon baris dilaksanakeun dina minggu kaopat Pebruari 2008 ku PT Pos Indonésia. Dana éta baris katampa kana rekening sakola séwang-séwangan dina ahir Pebruari. (www.klik-galamedia.com)**
Tidak ada komentar:
Posting Komentar