Pisaminggueun deui rék ka bulan Puasa, kuring tumanya ka babaturan; “Zal, manéh rék papajar dimana?” manéhna hémeng, tuluy némbal: “Hah, Papajar, munggahan lain?”. Ti dinya kuring apal yén manéhna teu apaleun papajar, saapal manéhna mah munggahan baé. Di lembur kuring mah istilah papajar téh geus ngamasarakat pisan, malahmandar sok leuwih ramé papajarna manan bulan puasana ogé. Papajar téh hiji istilah tradisi di masarakat Cianjur, nya éta tradisi balakécrakan jeung dulur atawa tatangga-tatangga dina raraga ngabagéakeun datangna bulan suci Romadhon. Biasana dulur-dulur pada karumpul di tempat anu geus ditangtukeun, biasana mah di tempat-tempat wisata. Atuh Cibodas, Kota Bunga, Cipanas, Perkebunan entéh di Gedéh téh ramé ku nu papajar.
Papajar téh kecap dasarna mah pajar hartina balébat, waktu rék bijil panon poé (KUBS; 346), ngalaman prosés réduplikasi hareup jadi pa-pajar. Rajékan hareup biasana ngarobah kecap barang jadi pagawéan, saperti banda jadi babanda, poé jadi popoé, jste. Kitu ogé jeung papajar anu mangrupa kecap pagawéan, hartina pagawéan mapag waktu pajar, waktu pajar di dieu bisa disurahan kana bulan puasa téa.
Istilah papajar téh tétéla geus sumebar di saluareun Cianjur, geus jadi istilah umum nu satata jeung ngabuburit, ngabeubeurang, munggahan, jste anu geus tiheula sumebar. Papajar téh hiji tradisi anu dilaksanakeun saméméh bulan puasa. Ieu kabiasaan téh teu dilaksanakeun ku sakabéh umat Islam di Cianjur, sabab aya nu panuju jeung nu henteu. Anu henteu panuju mah boga anggapan yén papajar téh mangrupa hiji kabiasaan makmak-meukmeuk kana dahareun, abong isukna rék nahan lapar ti subuh nepi ka maghrib, waktu papajar téh sagal habek, jéngkol jeung lalabna, lauk peda, sambel tarasi, liwet, gep geui kana kurupuk, ari lauk hayam? Ah sami waé. Can cuklup kitu, réngsé teurab téh legut nginum dawegan maké és, cucimulutna nangka, kadu, cau jimbluk. Jigana beuteung acan sateuas héhérang mah jigana can reureuh kana nyapék téh. Tuluy cenah, mun téa mah papajar téh keur alesan silaturahmi, apan silaturahmi mah bisa unggal poé ogé, teu kudu pisaminggueun atawa pisapoéeun rék bulan puasa. Nilik ka dinyana mah bisa jadi nu teu panuju kana papajar téh bener, tapi saupama ningali kana mangpaatna, utamana hubungan manusa jeung sasamana, teu saeutik ogé. Dina kaayaan alam kiwari, dimana manusa – biasana anu di dayeuh – sacara ekonomi pada-pada boga pagawéan pikeun mertahankeun hirupna, nepi ka lolongkrang waktu pikeun interaksi jeung papada jalma téh kawatesanan, papajar téh bisa jadi mangrupa kasempetan pikeun meungkeut tali duduluran, pikeun silihlubarkeun kaluputan nu teu karasa geus dilakonan.
Papajar téh mangrupa tradisi saméméh datangna bulan Puasa nu ngagambarkeun hubungan manusa jeung papadana. Dina prungna bulan puasa ogé, loba tradisi masarakat anu ngagambarkeun hubungan manusa jeung papadana. Bulan puasa sok dijadikeun hiji momen pikeun sakumna jalma melak kahadéan, paloba-loba amal, kusabab dina ieu bulan téh pinuh ku barokah, maghfirah jeug pangampura Gusti Allah SWT. aya deui anu sok disebut jajabur, hiji tradisi sodakoh dina waktu saréngséna tadarusan, nya éta sodakoh mangrupa opieun, caneuteun di masjid. Biasana kadaharanna téh saperti kolek cau, kuéh bolu, ager, sakapeung sok aya petis. Nu nyadiakeun opieun dina jajabur téh biasana mah ibu-ibu. Ieu kabiasaan téh dilakonan kusabab dina bulan suci Ramadhan mah sing saha jalma anu sodakoh baris meunang pahala Gusti Allah SWT.sapuluh tikel tibatan bulan-bulan séjénna.
Réngsé jajabur, isukna, wanci janari, masarakat di lembur kuring téh sok narakol bedug ngageuingkeun nu keur talibra sangkan geura salaur, ulah nepi ka kabeurangan, biasana sok ditambahan ku pupujian jeung nakol kohkol ngurilingan lembur. Ieu kabiasaan téh ngagambarkeun hiji perhatian ka jalma sakurilingeunana, yén hubungan sosial masarakat téh masih raket pisan.
Peuting tangggal 21, 23, 25, 27, jeung 29 loba jalma nu masang lampu di hareupeun imah jeung aya hiji kabiasaan anu disebut maleman. Maleman téh mangrupa hiji kabiasaan di masarakat nganteuran kadaharan ka tatangga-tatanggana atawa ka barayana, biasana sok maké rantang, malahan mah aya anu nepi ka ngahaja ngondang tatanggana, ngan ilaharna mah cukup ku nganteuran hungkul. Rupa-rupa kadaharanna mah, ti mimiti bebeyé, pais lauk, rendang, jsb.
Waktu maleman téh, loba jalma anu teu saré nepi ka isuk, maksudna mah ngala berkah tina malem lailatulqodar, malem sarébu bulan, sabab cenah dina peuting harita téh, Malaikat Jibril mawa barokah ka unggal jalma dina waktu manusa keur talibra saré. Anu keur ngaguher mah bakal diliwat ku Malaikat Jibril téh. ku kituna jalma-jalma garadang di hareupeun imahna anu geus dipasangan lampu.
Tétéla, tina sababaraha conto di luhur, Islam téh geus ngajirim kana sakujuring awak urang Sunda, saperti nu kacontoan dina tradisi bulan puasa. Lian ti bulan puasa téh mangrupa bulan dimana urang ngadeukeutkeun diri ka pangéran, dina ieu bulan ogé mangrupa momen keur mnasarakat pikeun pahadé-hadé dina kahadéan, utamana dina hubungan jeung papadana, dina konsép kaislaman mah disebut habluminannas. Teu pasalia ceuk kuring mah, salila aya dina wates anu tangtu, da nanaon gé kumaha niat, lamun papajar niatna rék makmak-meukmeuk, kalah jadi loba mamalana, lamun jajabur atawa maleman niatna ujub, riya jeung takabur, nya lain jadi pahala jeung barokah keur batur, kalah jadi dosa anu tungtungna mah meunang pangajén nu teu hadé ti masarakat, sumawonna ti gusti Allah.
Cag.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar