Jagat dadaksakala poék. Ukur dua puluh hiji nu kaitung batu meupeuh awak. Sukma ngalayang ninggalkeun raga, teuing ka mana. Tina dua Beulah taktak mucunghul jangjang warna bodas. Siga aya nu nungtun, jangjang ngepak sorangan. Ngalayang beuki luhur, maratan méga nu angkeub ti isuk kénéh. Sanggeus ngaliwat genep umbagan tepi kahiji hamparan. Lega pisan. Ieu meureun nu disebut langit katujuh téh, langit pangluhurna téa. Tempatna sawarga jeung naraka. Taya pamandangan iwal tingkocéakna réwuan wanita narima siksa.
Keur jalma nu masih boga ras-rasan tangtuna bakal ngabirigidig, moal kelu nempona. Aya nu dipeupeuhan ku gada, aya nu dicolokan matana, aya nu dipecutan, aya nu ditendangan, aya nu digunting letahna, jeung réa-réa deui.
Moal leuwih ti saratus lima puluh méter, katingali aya awéwé lumpat tibabaranting muru tempat kuring nangtung, atra pinuh kasieun. Ambekna rénghap ranjug bangun capé kacida. Beuki lila beuki deukeut, tambah sidik kana rupana nu bodas pias bangun teu getihan. Moal salah, éta awéwé téh nyi Éha, tatangga basa didunya nu palastra sataun katukang. Teu sangka bakal panggih di ieu tempat. Nyi Éha palastra na leungeun salakina alatan kanyahoan nyolowédor jeung Si Junéd. Padahal Junéd téh masih sobat dalit salaika nya éta Kang Tohir.
Sigana Nyi Éha mah teu sidikeun ka kuring. Datang-datang langsung nyuuh na suku. Kulitna nu konéng umyang pinuh ku tatu satapak cameti, tinjarepat beureum.
“Tulungan kuring! Awak geus teu kuat nandangan siksa.” Sorana dareuda alatan tanagana nu geus suda kaperet lumpat.
“Kunaon manéh téh, Éha?” Ngadéngé kuring nyebut ngarana, Nyi éha tanggah bangun nu reuwas.
“Geuning nyai! Tulungan kuring Nyi, kuring dibeberik ku malaékat nu teu eureun-eureun nyiksa raga.”
“Na tempat naon kitu téh? Da lain anjeun wungkul nu disiksa téh, tapi kabéh nu aya di dieu katempona sarua keur nandangan kanyeri nu pohara.”
“Memang bener kabéh nu aya di dieu keur nandangan panyiksa, ieu tempat téh disadiakeun keur awéwé nu geus ngamumurah kahormatanana, nu geus nyieun céda rumah tanggana. Geuning Nyai ogé aya di dieu?”
“Beu cilaka ! Nyana kitu mah kuring ogé sarua, bakal meunang panyiksa, bakal sanasib jeung anjeun. Eta nu matak kuring aya di dieu ogé pédah geus ngarempak papagon agama. Kuring kapanggih jinah jeung Ustad Jaka. Meureun geus kudu kitu lalakona, basa milampah dosa bet kudu kanyahoan sagala. Antukna kuring diarak warga ngurilingan désa. Dirajam di balé kota.”
“Kutan ! geuning bisa ? Kapan Ustad jaka téh sakitu alimna, ku teu nyangka bisa milampah hal nu sarupa. Apal teu kumaha nasibna salaki kuring ayeuna?”
“Ti saprak kajadian harita, Kang Tohir nyerahkeun manéh ka pulisi. Ayeuna aya di pangbérokan. Cenah mah dihukum sapuluh taun panjara.”
“Karunya teuing Kang Tohir! Kuring nu salah mah, lamun baheula kuring teu héjo ku pangbébénjo, tara sérab ku pangbibita meureun moal kieu pijadieuna. Ari Iin, saha nu ngurus?”
“Iin mah mah dibawa ku ninina ka Sukabumi, malahan bulan kamari geus asup TK sagala. Geus lila disiksa malékat téh?”
“Ti mimiti dikurebkeun wé nepi ka ayeuna”
“Lila atuh! Aya kana sataunna”
“Puguh éta, ieu awak asa geus rangsak. Lain asa deui kétang da mémang geus rangsak. Teuing nepi ka iraha kudu nandangan siksa. Nandangan siksa téh taya pisan rérésna. Siogana lamun dosa can kabayar mah bakal terus meunang panyiksa nu sabenerna mah engké lamun geus ngaliwatan lawang pangadilan jeung puguh tinimbangan dosana. Saterusna mah bakal digodog na seuneu naraka nepi ka sakabéh dosa kabayar.”
“Lin ménta grasi atuh! Sugan wé ku grasi mah bisa meunang diskon, kapan ku grasi mah geus kabuktian ngadahar duit rahayat ogé leupas tina hukum. Lamun henteu, ngajukeun banding atuh ka pangadilan tingkat luhur, sugan wé di pangadilan luhur mah bisa leupas tina tungtutan.”
“Grasi nanahaon! Di dieu mah teu siga di dunya. Hukum di dieu teu bisa ditawar-tawar deui, hukum di dieu harga pas. Nu salah moal jadi benér. Melak cabé bakal jadi cabé, pon kitu deui melak bonteng bakal jadi bonteng. Euweuh ti dituna nu melak goréng bakal meunang hadé. Engké ogé bakal karasa ku Nyai. Nu matak ngahampangkeun dosa mah l;ain grasi, tapi amal hadé nlaika hirup di dunya jeung do’a ti kulawarga.”
“Embung! Kuring mah embung disiksa.”
“Teu bisa kitu, di dieu urang kudu tanggung jawab kana sakur lampah urang nalika hirup di dunya. Urang moal bisa mungkir tina dosa. Nu nyarita lain deui létah, da létah mah teu tulangan. Sakur anggota awk bkal jadi saksi. Ieu suku geus méré kasaksian nganteur napsu nedunan paménta Wiguna. Biwir luhur, bieir handap mairan suku geus jadi pangancikan libido Wiguna.”
“Ku kuring mah malaikatna rék digoda. Moal burung teu ngacay nempo awak kuring mah. Ustad Jaka ogé nu kuat imana teu ealakaya basa nempo neuneuhna awak kuring mah.’
“Hus! Malaékat mah béda, moal beunang ku gogoda. Maranéhna mah sakitu tuhuna ka Pangéran. Jeung deui malaékat mah diciptakeun ku Pangéran téh teu dibarengan ku hawa napsu.”
Keur jongjon ngobrol, géréwék leungeun Nyi Eha aya nu ngabetot.
“Ré lumpat kamana siah? Tong miharep bisa ingkah ti ieu tempat!”
“Ampun…!” Nyi Eha jejeritan basa cameti mecutan awakna.
“Nyai, geura lumpat sing jauh. Bisi kaburu datang malaékat séjén nu rék néwak Nyai!” Nyi Eha nitah kuring lumpat ninggalkeun éta tempat.
Teu loba deui pikir, beretek lumpat. Teu kanyahoan jolna, aya malékat nu datang. Lumpat beuki tibabaranting. Késang lembut, kesang badag nyurucud ti unggal pori bakating ku sieun. Lumpat sataker kebek.
Rét deui ka tukang, Malaékat geus beuki deukeut. Ssss…t! Léngkah suku dirém ngadadak, teu éléh pakem ku motor dobel cakram. Lumpat geus tepi ka tungtung langit. Taya deui jalan pilumpateun. Haté beuki ratug, bingung milih pilampaheun; rék lumpat, nya kudu ka mana deui lumpat? Di hareup jurang lungkawing, di tukang Malaékat geus nampeu. Maju salah, mundur ogé salah.
“Ré kamana siah, héh?” makhluk jangjangan cumarita.
Ditakonana malaékat maké basa Sunda, haté ngarawéco, geuning malaékat ogé bisaeun basa Sunda? Panya téh ukur visaeun basa Arab.
“Ké…ké… ari andika téha saha?” kuring malik nanya. Haté can yakin lamun nu aya di hareupeun téh malaékat, komo ieu ngomongna maké basa Sunda. Asa pamohalan malaékat ngomong maké basa Sunda. Tong boro malaékat, dalah urang Sundana sorangan geus arang maké basa Sunda.
“Kuring malékat nu meunang tugas nyiksa anjeun.”
“Geuning juragan malaékat téh tiasa nyarios basa Sunda? Ari kawit ti mana kitu? Saha nu terang urang téh masih aya gantar kakaitan! Leres teu?” ngahaja ngajuragankeun keur ngolo haténa sangkan teu jadi meunang panyiksa.
“Kuring jeung anjeun taya gantar kakaitan. Béda karuhun, béda turunan. Ngeunaan kuring bisa ngomong Sunda, kieu-kieu ogé kuring téh kungsi namatkeun S2 basa Sunda di Walanda.
“Oh…” kuring unggut-unggutan, kituna téh bari mukaan kancing baju, saeutik centil gual-géol ngulinkeun awak, nyindeukeun dada. Mata kénca dikiceupan.
“Ngagoda aing sia téh?” malékat tipoporongos. Mtana nu beureum lir beusi atah beuleum ampir-ampiran kaluar.
Bener ceuk si Eha, malaékat mah moal kataji ku pangolo.
Séak! Malaékat ngahembatkeun cametina. Mundur dua léngkah, maksud mah rék ngagiwar. Teu sadar lamun tukangeun té aya jurang lungkiwang.
***
Samuragna ti langit ka tujuh, sukma kokoléangan taya kasaimbangan. Ngan untung téh jangjang ngarti nulungan. Tepi ka dunya turun di tegal lega. Tara biasana tegal lega tiiseun ku jalma. Tong boro aya jlama, laleur ogé euweuh. Nu aya ukur triplék jeung cét sakaléng. Gutret, gutret triplék ku kuring ditulisan: dilarang berjinah di tempat ini. Satadina mah keur pangéling-ngéling ngarah tya deui jlama nu molampah dosa.
Sanggeus masangkeun triplék na pager beusi tuluy muru ka balé kota. Tétéla di ahérat teu lila, buktina jalma-jalma masih ngariung nempo raga kuring jeung Ustad Jaka nu masih kénéh meunang panggéor. Blus! Sukma nyurup deui kana raga nu aya diantara gundukan jalma.
***
Manonjaya jadi pangasingan keur neuleuman élmu agama. Teu karasa geus sataun ngagulanggapér kitab kuning. Ceuk béja, tulisan nu baheula dipasang na pager beusi geus robah. Lain deui dilarang berjinah di tempat ini. Tapi. Jadi: dilarang bejualan di tempat ini.
Geni, 2005
Tidak ada komentar:
Posting Komentar